Teteh aduh meni hilap ka abdi  :)  ketang patepang raray oge teu acan hehehehe
Teh abdi mah Utas (Urang Tasik) asli mah ti Kuningan palih wetan nyaeta ti 
Cibingbin Kuningan, ngan ayeuna mah tos di Tasikmalaya aya kana 14 tahun mah di 
Tasik. Janten lembur teh asa gaduh dua hehehehe  
Mimih sareng Bapak mah kaleresan di Kuningan, alhamdulillah daramang.

Muhun teh mugia almarhum oge almarhumah sepuh teteh, ditempatkeun di tempat anu 
kenging pangridho ti Gusti Anu Maha Suci, dihapunten sanes kanten dosana amin..

baktos
Kebo/Geni

  ----- Original Message ----- 
  From: indung peuting 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, September 28, 2007 9:05 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Kanyaah Indung - Bapa



  Alhamdulilah si teteh ge walagri, urang mana kang Geni teh..?
  Kanyaah indung mah , moal bisa dipulangtarimakeun, matak kedah nyaah ka sepuh 
ulah dilalaworakeun. 
  Siteteh mah tos teu araya sepuh teh, mung tiasa ngadoa kanggo aranjeuna. 
Kantun nineung, kapungkur nuju aya keneh sok ngahaja nganjang ngalongok sepuh, 
najan jauh oge sok dijugjug, komo ayeuan mayunan lebaran ..Omat kabaraya anu 
masih keneh kagungan sepuh, kedah sungkeum ka indung sareng ka bapa, tos teu 
araya mah kantun kaduhung can mulangtarima. Mimih, apa hapunten abdi seueur 
dosa. 
  Mugia aranjeuna dipasihan caang padang dialam kubur, ditampi iman islamna 
dihapunten sadaya kaleupatannana....amin

  Wassalam
  ipeut

  Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    ehem..aya Teh Ipeut..  (curinghak)
    Alhamdulillah Teh sae, kumaha Teteh sehat? mudah2an sehat
    Ah..eta mah gerentes hate Teh... :)

    baktos kebo

      ----- Original Message ----- 
      From: indung peuting 
      To: urangsunda@yahoogroups.com 
      Sent: Friday, September 28, 2007 2:00 PM
      Subject: Re: [Urang Sunda] Kanyaah Indung - Bapa


      Tiasaan ..........
      Damang kang Geni
      Nembe nganjang deui ka ieu lembur, seueur anu enggalnya baraya teh, 
nepangkeun kasadaya baraya si teteh aya di wetan.

      Wassalam

      ipeut

      Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        Kanyaah Indung - Bapa
        Ditulis ku: Kebo Hideung

        Gubrag ka alam dunya, koceak dengekna jentre meupeuskeun jemplingna 
peuting.
        Disanggap ku cireumbay kabungah nu jadi kolot. 
        Renghap-ranjugna indung nu ngalahirkeun, 
        Kahariwangna Bapa anu teu aya watesna 
        Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring.

        Belenyehna seuri kuring matak gumbira anu jadi kolot, 
        Rengkak polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot. 
        Waktu kuring nandangan lara kolot kuring bingung anu teu aya hinggana, 
        Teu kuat ngabendung kabingung indung kuring nyegruk ceurik. 
        Ningali kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas bangun nalangsa, 
nalangsa pinuh ku kanyaah.

        Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah
        Kasaha deui mun teu ka kolot kuring, kuring ngadu
        Bapa kuring anu ngabeberes masalah kuring
        Indung kuring anu ngupahan rasa kasedih kuring

        Ayeuna kuring geus gede
        Ayeuna kolot kuring geus rarempo
        Asa can pernah kuring mulang tarima
        Nu aya ngan ngaririweuh jeung mere kapusing anu jadi kolot

        Boh indung kuring atawa bapa kuring
        Dugi kaayeuna kanyaahna teu pegat-pegat
        Kajeun jauh ditungtung lembur
        Kajeun anggang ti pakarangan
        Kanyaah indung bapa kuring tetep pageuh teu aya watesna

        Duh...Ema, Bapa  hampura kuring
        kuring teu acan tiasa mulang tarima kanu jadi kolot
        
-----------------------------------------------------------------------------





      Send instant messages to your online friends 
http://uk.messenger.yahoo.com 


  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

   

Kirim email ke