Ah ari ayi ??, aki tams masih emut boboran teh ping 13 dinten saptu, sanes ping 
23 da ping 23 mah enjing dinten salasa. Eeh sanes ngalelewe yeuh, aki tams, 
ninina, oge sareng pun adi, dinten ahad 14 Oktober teh ka palih kiduleun kota 
Tasik. Anu dibujeng tangtos pun biang di kampung Burujul Jaya, ngalangkung ka 
Singaparna, teras nyimpangna di Warung Legok. Ti dinya jalana awon, ah 
dipaksakeun wae si Zebra teh ngarayap, da hoyong tepang sareng urang sarakan 
aki tams, khususna pun biang sareng pun bibi. Ti Bandung enjing2 dugi ka lembur 
teh jam 11 an, lancar. Sonten ba'da ashar oge wangsul deui ka Bandung. Sami 
kacegat macet di tanjakan Gentong dugi Malangbong, ari di Nagreg mah dugi 
Bandung biasa normal. 

Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            Dinten Saptu, ping 23 
Oktober, sim kuring oge mudik ka Priangan Timur. Maksad utamina mah ka Sodong, 
Tasik, tempat lahir pun bojo. Sadinten sim kuring sabondoroyot mondok di Tasik. 
Ari pek teh aya jorojoy hoyong ka Pangandaran, Kampung Naga sareng Karang 
Kamulyan kumargi saumur-umur can terang eta tilu tempat teh. Terang Karang 
Kamulyan sareng Kampung Naga mung tina obrolan Kusnet. 
   
  Ping 24 Oktober, enjing-enjing, kalaksanakeun ka Pangandaran. Gening 
Pangandaran teh sae, nyugemakeun; pun anak gumbira pisan tiasa luncar luncur 
dina ombak.
   
  Rengse ti Pangandaran, nyimpang ka Banjarsari (nepangan uwana pun bojo). Laju 
ka Karang Kamulyan. Di Karang Kamulyan, nutur-nutur jalan anu brasna ka 
Patimuan walungan Cimuntur sareng Cimanuk. Monyet anu dicarioskeun ku MJ oge 
kalangkung tah. Boa-boa sim kuring papalangkung sareng MJ?
   
  Magrib dugi ka kota Tasik dipiwarang nyandak mujaer anu nembe diala ku 
kapiraka pun bojo. Bada Isa ngadius ka Bandung. Edas jam tujuh - dalapananan 
kapegat macet di wewengkon sateuacan Malangbong (hilap deui ngaranna tapi anu 
pasti masih kawengku ku Tasik). Macet teh dugi ka Nagreg. Dongkap di Nagreg teh 
jam 1 wengi. Ti dinya mah lancar; ka Kiara Condong, Bandung, mung peryogi 
satengah jam.
   
  Cape oge lalampahan ka Priangan Timur teh. Tapi matak sugema; jadi terang 
Pangandaran Karang Kamulyan sareng Kampung Naga.
   
  Salam,
  Asep 
   
  

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      
wilujeng lebaran keneh. neda pangapunten lahir batin. kupatna araya keneh?

lebaran kamari mah sukses bisa mudik sakloter jeung indung budak oge
buntut dua. make kijang lanceuk beuteung (euweuh istilah lanceuk beuteung
mah cenah, aya ge adi beuteung, lanceuk mah dahuan). supirna indung budak,
da si kuring mah can dibere hayang resep nyupiran.

jeung adi ti balikpapan aka tumbilakoka tea. macet di nagreg. ah aing mah
sok nalangsa ari keur macet teh. lain soal permacetan nasional, da eta mah
bagean ti ritual mudik, tapi nempo batur, nu mudik dina motor, keun we ari
nu geus gede mah. ieu mah sakulawarga sigana. budak dua dibonceng. bapa
supir, anak nu gede dihareup, nu leutik ditengah, indungna di tukang,
pangtukangna kardus. mangkaning jauh mudik teh. karunya barudak. tapi da
kumaha keur kitu usumna. deudeuh teuing. asana di negeri deungen mah, mawa
budak na motor teh malah ditilang da teu meunang. hate jadi teu berag di
jalan teh nempo batur. deudeuh.

kabenerena anak indung bapa lima kumpul. jalu wungkul. katambah minantu
opat jeung incuna lima. imah kolot nu tipe 35 teh puguh we pinuh. nya
silaturahmi ka indung nu ngandung ka bapa nu ngayuga.

isukna miang ka lembur aki nini ti bapa. di suku gunung sawal. ari aki
nini na mah geus teu aya dikieuna. nu aya para mamang jeung bibi.jalan mah
geus aspal, ngan ekonomi urang dinya can nguniang. padahal tujuan jalan
diaspal teh dalam rangka percepatan pembangunan. sangkan urang gunung bisa
leuwih cepet ngajual hasil tatanenna ka kota. tapi da ari teu boga
kebon/sawah atawa ngan ukur cukup keur pakean mah, teu ngaruh.

ngahaja asruk2kan ka leuweung/kebon deukeut imah aki nini nu ayeuna dieusi
ku salah sahiji mamang nu jadi ajengan. beu, tanggal enteh geus euweuh.
baheula mah sok ngala buahna sagede kaleci. cenah geus lila ge paeh, sabot
nini ngantuntkeun. kitu deui mendong di balong, geus teu aya kieuna.
padahal keur nini aya keneh mah, cai ngimun teh, make enteh meunang ngala
di kebon, rasana has pisan. tapi ari rasa enteh eta di lembur eta mah aya
keneh, da aya urang tonggoh nu sok jualan cenah, ti kebon entehna
sorangan, nu teu lega. mendong oge kitu cenah, paraeh, sabot ditinggalkeun
nini. mendong di balong eta teh bahan baku samak nu dijieun ku nini.

keur leutik harita sok reueus ka nini aki nu motekar. enteh teu meuli da
boga tangkalna, samak kitu deui, nyieun sorangan unggal sore nini mulih ti
sawah/kebon. ayeuna mah geus beda. limaan, genep jeung bapa, ka makam aki
nini nu ngarendeng tukangeun imah, handapeun dapuran awi. batu2na lumutan,
siga makam di situs. imah panggung urut si kuring kungsi cicing, can
sakola, ayeuna kari waasna. geus ganti ku tembok. tangkal jengkol mah aya
keneh. ngan teu purun ngala teh. ngan dawegan mah angger,beak dua.

isukna deui miang ka banjar, silaturahmi kapi lanceuk nu ngurus si kuring
keur sakola di bdg, terus nyimpang ka situs Karang Kamulyan. monyet alias
wanara aya keneh di lebih situs pancalikan (sigana urut singgasana raja
tea). salam cenah. hehe. situs KK jajalaneun ka jawa tengah, banjar oge
pangandaran. poe pere sok rame kunu daratang. sawareh mah sigana ngan ukur
reureuh. halodo. jalan2 di jero situs nu biasa lumutan, garing.

mj

http://geocities.com/mangjamal







  __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

                         

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke