Aeh, leres pisan aki tams. Aya kalepatan dina nyerat tanggalna.

Tah eta leres, ti tanjakan Gentong sim kuring nembe kenging kamacetan teh.

Aeh gening aki doktor teh tos aya di Endonesia. Nuhun atuh ari tos salamet 
leupas ti Malaya mah.

Salam,
Asep


Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               Ah ari 
ayi ??, aki tams masih emut boboran teh ping 13 dinten saptu, sanes ping 23 da 
ping 23 mah enjing dinten salasa. Eeh sanes ngalelewe yeuh, aki tams, ninina, 
oge sareng pun adi, dinten ahad 14 Oktober teh ka palih kiduleun kota Tasik. 
Anu dibujeng tangtos pun biang di kampung Burujul Jaya, ngalangkung ka 
Singaparna, teras nyimpangna di Warung Legok. Ti dinya jalana awon, ah 
dipaksakeun wae si Zebra teh ngarayap, da hoyong tepang sareng urang sarakan 
aki tams, khususna pun biang sareng pun bibi. Ti Bandung enjing2 dugi ka lembur 
teh jam 11 an, lancar. Sonten ba'da ashar oge wangsul deui ka Bandung. Sami 
kacegat macet di tanjakan Gentong dugi Malangbong, ari di Nagreg mah dugi 
Bandung biasa normal. 

Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  
      Dinten Saptu, ping 23 Oktober, sim kuring oge mudik ka Priangan Timur. 










 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke