Waktos kamari aya diskusi di FIB UI,perkara 40 jalmi
urang Baduy jero, "dipertanyakan" validitasna. Da
urang Kanekes (UK) di jero langkung ti 40 kepala
keluarga. Jigana data ieu teh hasil panalungtikan
salah saurang doktor lulusan Unpad, duka kumaha cara
ngitungna/nyacah jiwana. Soalna ti kelompok para
peneliti UI mah asana teh teu aya pernyataan UK jero
aya 40 jalma/kepala keluarga.
Ari ceuk kang Onod mah, anu biasa sok sering "lar-sup"
ka UK jero, leuwih ti 40 UK  Jero.

baktos,

mrachmatrawyani

--- dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

 
>  Karuhun anu pang
> kolotna anu di gugu jeung ditiru ku UK, sarua jeung
> Nabi Adam dina kayakinan UI, didieu jigana mah titik
> temuna antara UK jeung UI. Aya deui baraya,  kusabab
> UK teu hayang aya pacengkadan jeung UI, jeung deuih
> jiana geus aya diskusi pajang lebar antara inohong
> UK (anu 40 urang tea) jeung para imam Islam nalika
> jaman kasultanan cirebon anu hasilna masing-masing
> pihak sapamadegan kudu beda tapi hiji, jeung kudu
> silih rojong. Anu kanyahoaan teh baheula (taun
> 50/60-an)  mah upama geus ngadeukeutan ka bulan
> mulud (MULUDAN) sok aya UK anu ngetan ngaliwat ka
> lembur sikuring, kitu deui sanggeus lekasan sok
> ngaliwat deui rombongan teh ka kulon, teuing ayeuna
> tara kawenehan deui euy!
> 
> UK - US, sama-sama.....
> 
> wassalam, 
> dudi_ss  
> 
>  


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke