mang dudi (ajeuw anggeur asa nikukur ;)) padahal geus sabaraha dudi di ieu
babakan)

sikuring asa kungsi maca tah nu siga kitu. ngan hilap bin poho deui saha nu
nulisna mah. cek eta tulisan cenah memang di daerah kanekes jeung
sabudereunna geus jadi padumukan ti jaman pajajaran (samemeh runtag) keneh.
daerah dinya geus jadi mandala tempat caricing para guriang (ahli spiritual)
tea. tapi deuih eta tulisan teu mundah lamun diantara urang kanekes ayeuna
aya turunan urang dayeuh nu kadeseh waktu pajajaran burak. teu nutup
kamungkinan urang dayeuh pakuan cenah menta panyalindungan ka mandala di
kanekes..

ah ieu mah dua benggol ti kuring bari jeung cenah deui wae

d ti pakuan ;)

On 10/23/07, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Wilujeng siang Baraya,
> sigana, ieu ge ceuk pangrasa sikuring Urang Kanekes (UK) teh asli urang
> dinya (Kanekes, Ciboleger jeung sabudeureunana) lain urang dayeuh Pajajaran
> anu kadeseh ka sisi leuweung. Aya sababaraha tanda anu nguatkeun ieu
> diantarana "pangkuan UK" jeung deuih aya mangfaat anu gede keu Urang Sunda
> (US) ku ayana UK minangka entitas asli (original/murni) anu dumuk dipulo
> Jawa, kahareup bisa dikembangkeun kana penelitian antropologi nyebarna
> manusa di pulo Jawa.
>
> ,___
>



-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke