Euleuh kang Dede Sarkade mah meni lega wawasannana, ti Mahabarata dugi ka 
karajaan Troy, ti evolusi benua, Stephen Hawking (anu ngarevisi teori anjeunna 
wireh materi ngan tiasa lagrag kana lombang hideung henteu mungkin kaluar deui 
saparantos anjeunna ningali fenomena radiasi mancer tina lombang hideung) dugi 
ka patahan lembang sareng sajabina. Matak resep.
   
  Ngeunaan lokasi Dano Bandung, saur sakaol, nyaeta sami sareng dataran kota 
Bandung anu di lingkung ku gunung tea. Di Internet aya gambarna, kenging mendak 
kang MSetiadi (baladna kang Kumincir) ti koran PR; tos disambungkeun kana 
wikipedia versi basa Sunda husus dina rohangan (loka) Gunung Sunda.
   
  Upami Gunung Sunda kapungkur (anu meletus) ngawengku Gunung Tangkubanparahu 
kiwari, Gunung Burangrang kiwari, Bukit Tunggul kiwari sareng Gunung Sunda 
kiwari
   
  Salam,
Asep

Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            Kang Asep Gorabchev....
  Gambarna teu kaluar....
  Janten Gunung sunda teh ayana di kalereun Bandung? disabudereun Gunung 
tangkuban Parahu, Burangrang sareng Bukit Tunggul?
  Upami dano Bandung gigireun Gunung Sunda atuh kang? 
  Aya gambarna teu nya antara Gunung sunda sareng Dano Bandung?
Cenah mag di lembang teh aya patahan(retakan lempengan bumi) anu disebat 
Patahan Lembang. 
  Patahan eta manjang ti wetaneun lembang dugi ka kulon duka dugi ka mana.
  Jalan anu bade ka Lembang aya anu turun teras naek deui ....Peneropongan 
Bosscha oge aya di hiji titik Graben( titi tertinggi patahan). Upami titrik 
terendah patahan disebatna Host. Host jeung Graben 
patukangtonggong......(ngemut-ngemut deui....)
  Cenah mah numutkeun eta buku geografi....di lembang teh aya Graben anu 
kaluhur batu hunggkul duka dimana?
   
  Sahman
  
Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        Waktu kuring keur leutik, aya anu nyarita cenah sasakala Sang Kuriang 
(Sangkuriang) teh jieunnan Walanda pikeun ngarendahkeun martabat urang Sunda ku 
jalan nyieun dongeng yen urang Sunda turunan anjing jeung turunan babi. Tapi 
saenggeus manggihan sumber bacaan anu netelakeun yen Sasakala Sangkuriang teh 
geus aya saacan Walanda datang, kuring jadi yakin pisan yen Sasakala 
Sangkuriang teh asli warisan karuhun Sunda. Sumber bacaan kasebut nuliskeun yen 
Bujanga Manik nyutat lalampahannana di wewengkon anu kakoncara ku sasakala Sang 
Kuriang saperti kieu:
   


  .
 



www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux  Send instant messages to your online friends 
http://uk.messenger.yahoo.com 

                         




 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke