ha..ha...Si Kang Asep kaleuwihan...abdi mah mung ukur terang kulit-kulitna
hungkul. Prak-prakanna mah teuing! Sigana Kang Asep leuwih pinter!!! Fisika
Gitu Loooh...
Contona : Siga hayang terang atom, nu kumaha ari atom duka mung ukur dina
implengan wae. Ah sakapeung mah sok ngakhayalkeun eta wae gradasi warna, cenah
mah atom teh bisa di deteksi ku/sareng ngaluarkeun warna.
Jsb,
Enya kang, abdi mah mung ukur tukang ngangon domba baheula di lembur. Ari
ngangon domba pan di alam, sok di impleng. Naha alam aya?(patarosan sederhana
tapi pinuh filosofis, ceuk dina buku Jostein Gaardner (Dunia Sophie) ku abdi
sok dikait kaitkeun...
Parahyangan anu endah masihan rasa "peka" ka abdi ngeunaan alam(Geography).
Saterasna aya nu teu kaciri di alam nyaeta "parentah/kahayang alam/titiapn
Allah" anu dimumule. Tapi alam oge kedah masihan mangfaat ka urangsadaya. Dina
kongkolak mata abdi mah unggal poe sawah jeung sawah, gunung Cakrabuana anu
ngajegir di wetan-kidul (tenggara) lembur abdi. Horizon pagunungan mawa
kendahan.
Lebaran kamari abdi ningal hiji gunung leutik di kiduleun ti pakarang bumi
abdi....sigana daerah Limbangan/Garela, duka gunung naon. Kapungkur mah teu
kaciri da kahalangan ku kebon awi, ayeuna kebon awi-na beak pisan. Asa
ngahiap-hiap, padahal abdi mulih ka lembur ngaliwatan Nagreg (macet dugi ka
malangbong...duka sabaraha kilometer tah ti Cileunyi dugi ka Mlbg) bras ka
Wado).
Komo abdi mah hirup di daerah "Pacengkadan" Jatigede, proyek anu mawa
kamiskinan, mangtaun-taun. Keuheul, ambek tapi mun kitu wae moal bisa nanaon.
Saleresna mah seueur potensi alam anu dipigaduh ku urang ..nya kedah kenal ka
alam urang sorangan. Komo seueur patilasan karuhun urang....ieu hubungan na
sareng Geospasial (dimana urang cicing..) anu moal bisa diganti ku alam anu
lain. Tugas urang sigana.....tapi duka tiasa duka heunteu.....
Mikiran alam sami sareng mikiran tingkah polah manusa....nya ieu hubunganana
sareng filsofis, carita carita kuno siga Mahabrata anu tradisional seueur
wejangan kanggo urang ngeunaan ka-"arif-an". Upami terang sajarah urang atawa
sajarah nagari sanes urang bakal ngartos kana sabab-akibatna. Eta mung ukur
sisi lain alternatif pamikiran, anu pasti mah pan filosofis Islam.
Eueleuh ngacaprux geuning...tos ah. Isin...
Dede Sahman
Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Recent Activity
18
New Members
1
New Photos
Visit Your Group
New business?
Get new customers.
List your web site
in Yahoo! Search.
Y! Messenger
Instant hello
Chat in real-time
with your friends.
Yahoo! Groups
Find Green Groups
Share with others
Help the Planet.
.
Euleuh kang Dede Sarkade mah meni lega wawasannana, ti Mahabarata dugi ka
karajaan Troy, ti evolusi benua, Stephen Hawking (anu ngarevisi teori anjeunna
wireh materi ngan tiasa lagrag kana lombang hideung henteu mungkin kaluar deui
saparantos anjeunna ningali fenomena radiasi mancer tina lombang hideung) dugi
ka patahan lembang sareng sajabina. Matak resep.
Ngeunaan lokasi Dano Bandung, saur sakaol, nyaeta sami sareng dataran kota
Bandung anu di lingkung ku gunung tea. Di Internet aya gambarna, kenging mendak
kang MSetiadi (baladna kang Kumincir) ti koran PR; tos disambungkeun kana
wikipedia versi basa Sunda husus dina rohangan (loka) Gunung Sunda.
Upami Gunung Sunda kapungkur (anu meletus) ngawengku Gunung Tangkubanparahu
kiwari, Gunung Burangrang kiwari, Bukit Tunggul kiwari sareng Gunung Sunda
kiwari
Salam,
Asep
_,___
www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com