Urang teraskeun ah ngacapruxna. Sawatara waktu katukang, tug nepi kiwari, di babakan ieu, sering pisan dipagutrengkeun sagala hal anu aya pakaitna sareng KASUNDAAN. Tapi (ceuk kuring, ieu mah), teu nepi-nepi rek kamana brasna obrolan teh. Meureun kusabab teu aya moderator anu ngarahkeun. Tapi asana teh, Konsep/ide Abah Surya anu disawalakeun di BAPPEDA Jabar, anu dipostingkeun ku Mama Manar (kang Oman), anu rada tiasa nampung kana naon anu sok sering di dipadungdengkeun di dieu. Ngan hanjakal, ngan saeutik anu ngomentaran sacara leuwih jero, naon anu dipedarkeun ku Abah Surya. Padahal, urang sadaya anu nyorang jaman kiwari, bisa leuwih "membumikan" konsep-konsep anu dipedarkeun ku Abah Surya. Sok sanajan sacara strategis hal ieu cocok jadi pagunemen di lingkungan birokrasi (BAPPEDA), tapi urang sakabeh sacara praktikal bisa ngadadarkeun konsep-konsep Abah Surya.
Ti Babaheula (maksud teh bareto, lain ti Cina heula), kuring ngusulkeun, supaya aya samacam moderator, anu tiasa nyimpulkeun, atawa ngarahkeun paguneman di milis ieu, sahingga, "obrolan" heunteu jalan di "tempat". Atuh pikeun anggota milis anu anyar, bisa ngabandungan paguneman naon wae anu jadi bahan obrolan baheula. memang, kudu daria dina perkara kieu mah. Sabab lamun teu kitu, SUNDA ngan tinggal ngaranna wae. Atawa ngan saukur jadi "monumen" di Wikipedia, anu ditulis ku kang Kumincir Wikidisastra, salah saurang anggota "The Last Samurai". (tingali tulisan kuring katukang anu judulna aya The Last Samurai na). baktos, mrachmatrawyani --- Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > ha..ha...Si Kang Asep kaleuwihan...abdi mah mung > ukur terang kulit-kulitna hungkul. Prak-prakanna mah > teuing! Sigana Kang Asep leuwih pinter!!! Fisika > Gitu Loooh... > > Parahyangan anu endah masihan rasa "peka" ka abdi > ngeunaan alam(Geography). Saterasna aya nu teu > kaciri di alam nyaeta "parentah/kahayang > alam/titiapn Allah" anu dimumule. Tapi alam oge > kedah masihan mangfaat ka urangsadaya. Dina > kongkolak mata abdi mah unggal poe sawah jeung > sawah, gunung Cakrabuana anu ngajegir di wetan-kidul > (tenggara) lembur abdi. Horizon pagunungan mawa > kendahan. > Saleresna mah seueur potensi alam anu dipigaduh ku > urang ..nya kedah kenal ka alam urang sorangan. Komo > seueur patilasan karuhun urang....ieu hubungan na > sareng Geospasial (dimana urang cicing..) anu moal > bisa diganti ku alam anu lain. Tugas urang > sigana.....tapi duka tiasa duka heunteu..... > Mikiran alam sami sareng mikiran tingkah polah > manusa....nya ieu hubunganana sareng filsofis, __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

