sainget kuring mah nu mere istilah make kecap 'goib' teh kang ganjar. si
akang ngagambarkeun iketan antara warga milis teh lir ibarat aya 'getih
goib' nu ngaraketkeunana. (mh)

On 10/30/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Sing saha wae anu kamari nungkulah acara HBH KUSnet
> 2007, pasti moal rugi. Kuring mere istilah ka para
> anggota KUSnet anu sok ngahadiran acara HBH, lir
> ibarat geus boga getih goib, anu hese dijelaskeun.
> Istilah goib ieu, ngahaja dipake, nyutat tina
> katerangan kang Deny( atawa Kang Maman Gantra, kuring
> poho deui) anu nganggap KUSnet teh hiji barang goib,
> sabab teu katempo bungkeuleukanana (=dunya maya), tapi
> karasa mangpaatna, ngaraketkeun sakumna urang Sunda
> sajagat, sok sanajan dipisahkeun ku jarak (dimensi
> waktu jeung rohangan).
> Jadi lamun nanya ka Kang Tito anu dumuk di Surabaya,
> ngahaja ti poe rebo keneh aya di Bandung, pikeun
> nungkulan HBH KUSnet, pangdorong naon nepi hayang
> ngahadiran acara HBH KUSnet, pasti hese mere jawaban
> anu pasti. Nya kitu deui, lamun ditaros ka Kang
> Ganjar, anu nepi ka dua kali datang,pasti Pak Rektor
> Unpad boga iketan batin anu kuat ka KUSnet.
> Kitu oge lamun nalek ka Apih Sidik, anu tiap HBH teu
> kendat sumping sareng istrina (urang Korea), Nani
> (putrina anu alumni FISIP UI), pasti moal kakorek
> alesan utama ngahadiran HBH.
> Ari soal naon anu dipadangkeun dina acara HBH
> KUSnet,tempatna dimana, eta mah nomer ka sabaraha
> teuing. Tapi anu utamana mah, HBH teh pikeun kuring
> mah, jiga "cuci darah", ngabeureumkeun deui getih goib
> KUSnet.
>
> Pamungkas, lamun Mang Ayip Rosidi boga hiji tradisi
> mere ajen ka para pangarang jeung pemerhati
> kabudayaan, anu taun ieu nincak ka 17 terus-terusan,
> teu aya salahna lamun KUSnet oge nyieun acara HBH
> sacara terus terusan tiap taun, pikeun
> "ngabeureumkeun" getih Goib para anggota KUSnet.
>
> baktos,
>
> mrachmat uidipura
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>  
>

Kirim email ke