Kaleresan sumping, meungpeung caket ti Bandung & aya waktos salse. 
Numawi panasaran hoyong terang kumaha ari HBH Kusnet teh?...Geuning rame, 
seueur jalmi! 
Hayu atuh...iraha? Pami dihaja-haja mah sok tara cios, komo Teh Ika mah zibuq 
wae...
Tah, numawi tepangna kedah seueuran ameh rame & aya nu mancing (lauk meureun?) 
ngobrolna. 
Da abdi mah teu "capetang", komo sakapeung mah bebelepbepan...heheh.

ro2


>>> [EMAIL PROTECTED] 10/29/07 05:05PM >>>

Manawi teh teu sumping Teh. Terang kitu mah atuh abdi bolos kuliah, hehehe....
Kantenan abdi oge hoyong tepang, salami ieu mung nampi kintunan gambar sareng 
carita lucu ti Teh Roro.
Iraha atuh urang tepang? Teu kedah ngantosan HBH taun payun, lami teuing, 
hehehe...
Mudah2an upami tepang urang moal pabetem-betem, da abdi oge sami rada susah 
ngobrol.

Baktos,
-ika-

Kirim email ke