Punten tumaros dupi HBH di Djatinangor teh tos aya photona teu acan, 
iraha bade ditayangkan, janten hoyong ninggal jiga kumaha kayaan 
didinya ayeuna teh...

Baheula keur kuring SD jeung SMP di Tanjung Sari, di dinya teh kaasup 
pangulinan jeung tempat tujuan ngabuburit nu pavorit, kusabab di 
kontrak (katelahnna) aya amang nu gawena tukang nyadap karet, jadi 
bari ngabuburit teh nyieun bal-balan tian geutah karet nu geus garing 
di tangkalna..

Cing aya kitu ki sobat nu ngalaman siga simkuring atawa aya nu pernah 
sakola di Tanjung Sari, Cikuda atawa Narongtong?

AsepSar 
--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Kaleresan sumping, meungpeung caket ti Bandung & aya waktos salse. 
> Numawi panasaran hoyong terang kumaha ari HBH Kusnet teh?...Geuning 
rame, seueur jalmi! 
> Hayu atuh...iraha? Pami dihaja-haja mah sok tara cios, komo Teh Ika 
mah zibuq wae...
> Tah, numawi tepangna kedah seueuran ameh rame & aya nu mancing 
(lauk meureun?) ngobrolna. 
> Da abdi mah teu "capetang", komo sakapeung mah bebelepbepan...heheh.
> 
> ro2
> 
> 
> >>> [EMAIL PROTECTED] 10/29/07 05:05PM >>>
> 
> Manawi teh teu sumping Teh. Terang kitu mah atuh abdi bolos kuliah, 
hehehe....
> Kantenan abdi oge hoyong tepang, salami ieu mung nampi kintunan 
gambar sareng carita lucu ti Teh Roro.
> Iraha atuh urang tepang? Teu kedah ngantosan HBH taun payun, lami 
teuing, hehehe...
> Mudah2an upami tepang urang moal pabetem-betem, da abdi oge sami 
rada susah ngobrol.
> 
> Baktos,
> -ika-
>


Reply via email to