Dugika kituna nya kang Usman, pesawat trayek mana etateh kang? Da simkuringmah kantos sababaraha kali nganggo pesawat Bandung-Jakarta, ti sagedengeun pramugari anu ambucuy teh konsumsi na kasebat mundel lah, dipasihan box karton bodas, nyah dibuka eusina lapis legit, kueh bolu sapotong sareng lemper, nya ngaleeutna ku cai model aqua gelas tea, diseka weh ku keretas tisu, padahal Bandung-Jakarta mung 25 menit, kadangkala nembe nojoskeun sedotan, kapal tos nyirorot deui deuk mendarat, atuh si bolu teh ileug ileugan dina beheung..
From: usman - Kungsi kapaksa ngalaman nganggo lokal airline swasta, perjalanan sajam langkung teh mung dipasihan sagelas cai herang hungkul....beu ! Numawi pantes pami saur Gan mah nyandak hayam sagala....