Ua Sas, cing aya fotona, panasaran jiga kumaha naskah lontar ciburuy teh.
Urang Bali mah naskah lontar teh geus ditungtut dialihkeun kana digital dina
wangun CD, garapan fakultas sastra UNUD. Sanggeus difoto terus ditranskripsi
make aksara Bali digital.  Nyambung jeung komputerisasi aksara Bali. Kuring
aya CD-na.

Cikan urang UNPAD aya Kang Ganjar yeuh, tiasa digarap teu "DIGITALISASI
NASKAH CIBURUY". Da teu hese ukur dipotret. Bisi kaburu beak dihakan beurit.

salam,
mh

On 11/5/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Basa poe Saptu 3 Nop 07, kuring ngilu ulin ka Kabuyutan Ciburuy Garut,
> ngilu ka rombongan ti PSS, samobil pinuh, karunya anu kuru we, kadempet.
> Merenyeng hayang ngilu, pedah eta loba kacaturkeun apan di Ciburuy
> tempatna intelektual Sunda jaman bihari, nepi ka loba karyana dina wangun
> tulisan dina media daun lontar jeung nipah. Anu geus katalungtik nyaeta
> naskah Amanat ti Galunggung jeung Sewaka Darma. Hayang nyaho kumaha
> bungkeuleukanana naskah dina daun lontar di lingkungan aslina.
> Rombongan teh aya dalapan urang, kaasup Ceu Tien Wartini filolog ti Musium
> Sribaduga, malah Julian Millie ge ngilu, Julian antropolog ti Australi anu
> keur nalungtik perkara manakiban.
> Ti Bandung miang meh tabuh satengah sapuluh da ngadagoan Kang Dhipa nu rek
> nyupiran kasarean. Resep di jalan teh ari sarombongan jeung jalma nu
> "balageur" mah, sagala dikomentaran. Palebah Cibatu kuring ngagereyem
> nyambat Kang Deni. Di Garut tepung jeung Kang Darpan, da Kang Darpan nu jadi
> tuduh jalan. Geuning jauh keneh ti Garut ge aya kana 23 km ka Ciburuy teh,
> palebah desa Pamalayan jalan rada netek tur jalanna leutik ukur asup
> samobileun.
> Meh lohor kakara nepi ka anu dituju, kasampak panto gerbangna dikonci,
> atuh ngadagoan heula kuncen.
> Komplek Kabuyutan Ciburuy legana ampir satengah hektar (5230 m2), dibagi
> dua tempat utama, nyaeta Patamon jeung Padaleman. Di Patamon (patamuan,
> tempat narima tamu) aya tilu bangunan, leuit, bale tamu, nu hiji deui mah
> duka disebat naon, ngan didinya teh loba suluh.
> Ari di Padaleman mah ngan aya hiji bangunan, ngan lamun rek kadinya
> ngaliwatan heula sekat rohang, ceuk kuncen mah eta teh nunjukeun hambalan
> keur nuju ka nepi ka tempat utama, bangunan Padaleman aya di tungtungna.
> Rek asup ka komplek Ciburuy teu sagawayah kudu ijin heula ka kuncen. Malah
> dina poe Salasa jeung Kemis dipahing pisan, teu bisa narima tamu. Tamu anu
> kabaca dina buku tamu rupa-rupa pamaksudanana, aya nu nulis "maksud khusus"
> aya nu nulis neangan jodo, jste.
> Anu jadi kuncen ngora keneh, umurna kakara 27 taun, ceuk inyana jadi
> kuncen teh anu ka 124, turunan ti bapana.
> Rombongan teh kabeneran bisa ningali naskah jeung parabot sejen kayaning
> kujang jago, peso pangot, seuseukeut tumbak, loceng, anu aneh naha bet aya
> gunting jeung rurumah (frame) kacapanon sagala. Gunting wangun tungtungna
> cagak tilu, rurumah kacapanon mah siga dijieun tina tanduk atawa batok
> (sigana ieu barang mah titinggal kabehdieunakeun, atawa titinggal kuncen da
> asa pamohalan jaman abad ka 16 aya kacapanon, kumaha lensana).
> Anu matak prihatin, naskah teh dipetian bareng jeung parabot anu tadi,
> ngan naskah make heula kotak kai anu leuwih leutik, disebut koropak, tuluy
> dibulen ku lawon bodas, siga keur boeh. Petina aya tilu anu hiji leuwih
> gede, kurang leuwih ukuranana 70x50x50 cm, anu dua deui leuwih leutik,
> kira-kira 60x40x40. Peti nu leutik nu hiji deui geus koropok pisan, ceuk
> kuncen mah sok digorogot ku beurit. Beu kumaha lamun naskahna digegelan
> beurit.
> Naskah anu dibuka kamari ngan hiji, da cenah sabenerna mah teu meunang
> dibuka, ari dibukana sataun sakali dina bulan Muharam, sakalian diberesihan
> dina acara Seba.
> Sarombongan teh abong kena lolobana tukang nulis, waktu ngobrol jeung
> kuncen teh ting kusiwel kana catetan, anu pogot ngawawancara Kang Hawe jeung
> Kang Deden Abdul Azis katut baladna, ari kang Dadan mah pogot kana motret
> malah hayang dipotret di hareupeun hawu sagala. Anu ripuh Kang Atep Kurnia
> lantaran hayeuh bae dipenta tulung motret anu keur ngagaya. kang Dipa loba
> reureuh, sigana cape tas nyupiran. Ceu Tien loba nerangkeun wangun tulisan,
> disebutkeun dina kumpulan naskah teh aya nu make aksara Buda sagala. Julian
> mah ukur palahak polohok bari nyebut amazing amazing kitu.
> Kudu aya upaya nyalametkeun naskah, lantaran eta naskah teu bisa dibawa
> kaluar ti Ciburuy atuh anu perlu teh nyieun peti anu wedel, tina jati
> dibulen ku aluminium supaya teu teurak digegel beurit. Kamari ge aya
> kasapukan rek ngusahakeun nyieun peti, sugan we cenah urang Sunda aya nu
> haateun keneh.
> Bada Asar kakara mulang, di Garut nyimpang heula ka bumina Kang Darpan di
> Gordah. Tabuh lima sore mangprung ka Bandung, sakali deui palebah deukeut ka
> Cibatu ngagereyem deui ka Kang Deni Suwarja, hampura teu ngabejaan jeung teu
> kaburu nyimpang. Enyaan ngagereyemna kuring katampa ku Kang Deni da buktina
> basa Senem isuk-isuk nampa SMS neuteuli pedah teu ngajak jeung teu nyimpang.
> Hampura ah.
>
> MSasmita
>
>
>
>  
>

Reply via email to