On 11/7/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  Impian kuring mah, naskah Sunda buhun anu seueurna
>  sapuluh peti di Musium nasional teh, samemeh dihakan
>  ku rayap, digitalisasikeun heula, supados rada awet
>  sareng tiasa ditalungtik ku generasi "berikut"na.
>  Harita oge waktos pasamoan KUSnet Jakarta sareng (alm)
>  Mang Ayat, kantos gagasan ieu teh "dilontarkeun". tapi
>  masalahna nyaeta  saha anu gaduh "otoritas" kanggo
>  "ngutak-ngatik" naskah di Musium Nasional.
>  FIB UI, asana teh teu patos "berkuasa" pisan, upami
>  dibandingkeun sareng UNPAD. Komo deui ayeuna pupuhuna
>  Kang Ganjar. Kumaha kinten-kintenna Kang Ganjar?
>
Kang Rahmat, ceuk toongan kuring mah, kumaha upama DIKOROYOK tah
naskah di Musium Nasional teh. Jigana nu boga kasaktian pikeun
ngutak-ngatikna teh eta para pendekar ti tilu padepokan: UI, UNPAD,
jeung UPI. Carana, eta garapan bisa dijadikeun proyek panalungtikan
para jawara di tilu padepokan tea. Apan tiap taun oge, eta para
pendekar teh kudu aya panalungtikan dina raraga ngamalkeun tridarma
tea. Garapan digitalisasi bisa asup kana gawe panalungtikan jeung
pangabdian ka masyarakat.

salam,
mh

Kirim email ke