Jigana mah kudu kitu...( tah mangga aremutan kunu berwenang kumaha upami 
masyarakat anu bertindak, margi tos seueur korban ) bilih aya kulawargi aparat 
nu janten korban  kabrutalan Gank, pan saha nu rugel..


Ahmad Bio_unpad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            ngiring ngarojong ah
  lamun ceuk kuring mah leuwih hade ditangani ku masarakat we. bonganna urang 
boga aparat ge asa teu puguh cabak. padahal intel boga, brimob boga jrrd. sanes 
teu hormat ka aparat dalah rek kumaha deui sangkilang geus jatuh korban eta 
barudak geng teh tacan keneh kasusud nepika beak.
  saran kuring mah sederhana
  kumaha lamun gajih pulisi dibikeun sawareh ka masarakat anu geus baroga 
inisiatip pikeun newak barudak geng motor tea. siganamah bakal 
sarumanget..........da aya duitan
  hapunten ah bilih didieu aya pa pulisi
  teu sadaya pulisi awon damelna
  mung da buktosna........
   
  baktos
   
  ahmad

Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          
  Ari ceuk sim kuring mah eta aya tilu komponen anu kudu sarua milu ulubiung 
kana ieu persoalan.
   
  1. KOLOTNA SORANGAN
  Sing rariket pageuh iket, saringsing pageuh kancing. Barudak teh rek jadi 
naon atuh ...!? Iwal ti aranjeun sorangan anu bisa ngadidik budak teh. Pan aya 
paribasa kanjeun teh teuing kolotna panjahat, asal budak aing mah kudu bener. 
Ngadon hayoh wae nyieunan budak ari ngagedekeun kanu jalan anu bener teu 
sanggup. Eta mah kolot anu teu tanggung jawab atuh  ......
   
  2. APARAT PULISI
  Cingan atuh bereskeun jeung tertibkeun, apanan aya UU nyieun perkumpulan teh 
....... Naha maranehna nyieun parkumpulan eta teh geus aya widi ti aparat tur 
pajabat satempat ...!? Lamun tea mah euweuh ijin-ijinana mah, pan atuh kari 
"nindak" wae kualesan bisa ngaresahkeun masyarakat .... atawa naon wae pan ari 
jengkol mah aya usumna da ekol mah euweuh..........
   
  3. MASYARAKAT
  Tong sok dilaljoanan ..... antepkeun wae ...... Kasarna mah tong dibere hate 
......, anggur laporkeun wae langsung ka aparat anu berwenang (pulisi) lamun 
maranehna geus ngamimitian nyieun onar tur kaributan. Kudu kompak, tong 
sewang-sewangan. Lamun aya anggota masyarakat nu miluan asup ka eta  
parkumpulan, mendingan ditindak wae langsung.
   
  Tah teuing ketang, ah........ Asa teu pararuguh ngetikna oge ... ieu teh 
..... 
  Meni kesel da atuh ngabandunganana oge ....... Keselna teh lain anu aralusna 
nu ditarurutan teh .... horeng ngadon teu aleucreugna geuningan. Da ieu teh 
pasti akibat tina informasi ti luar atuh biasana mah tina filem-filem.
   
  Mangga tah nyanggakeun ka nu langkung berkepentingan ..... Moga-moga budak 
sim kuring mah moal nepi kamiluan anu karitu.
   
  Hatur nuhun,
  wass,
  gl
   
  
  
  Dari: "[EMAIL PROTECTED]"
Terkirim: Kamis, 8 November, 2007 4:09:35
    
muhun abdi ge tos terang ti milist tatanggi soal genk motor di bandung nu 
ngarajaan jalanan 
eta genk nu terkenal aya 4 genk motor 
anggota genk teh kedah disumpah macem-macem 
kedah ngalawan ka rama sareng ibu jsb... 
teras mun hoyong liren tina eta genk teh kedah motong jari 
saurna mah tanda rasa setia ka genk na. 

sanes kitu beritana teh? hapunten bilih lepat mah 

        Die Cikiray <die_cikiray@ yahoo.co. uk> 
Sent by: [EMAIL PROTECTED] ups.com   11/08/2007 02:46 PM           Please 
respond to
[EMAIL PROTECTED] ups.com

            To
  [EMAIL PROTECTED] ups.com       cc
    
    Subject
  [Urang Sunda] Gank..onar
           


Gank motor di Bandung mulai rame deui nyieun kaonaran, cik kawajiban saha tah, 
nertibkeunana. meuni sararieun ningalina oge. Ceuk beja mah loba anak geugeuden 
nu jadi anggotana. jadi hese diberantasna, ceunah. Ayeuna mending korban 
masyarakat atawa mending numpas Gank anu ngareusahkeun? ?? 


  .
 
  


  
---------------------------------
  Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers  




 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com   

       
---------------------------------
 For ideas on reducing your carbon footprint visit Yahoo! For Good this month.

Kirim email ke