Ngiluan ah..
Simkuring make motor gede 1300cc, paling sieun ku bebek (tingali posting
nu liwat).
Lain teu aya alesanana..
Motor bebek/matic leuwih loba picilakaeun...ceuk uing!!
 
Meureun pamikiran uing rada aneh, beda tinu sejen soal motor.
 
Kiwari loba kolot/orang tua rada teu cageur...cik atuh mun,..
Budak can wayah make motor, di idinan make.....teu eling!
Boncengan tuti, tumpuk tilu..... teu aman
Mawa barang, ngagantung dina setang....halah 
 
Heueuh da kwalitas helm na oge jore pisan,...meuli nu leuwih mahal
Teu ngahargaan kana sirah sorangan.
 
Coba gabungkeun nu diluhur...cilaka tinggal tunggu waktu saja.
 
Sok lah mimitian ti diri sorangan
 
 
 
 
-----Original Message-----
From: Ahmad Bio_unpad [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Thursday, November 08, 2007 8:57 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Gank..onar
 
ngiring ngarojong ah
lamun ceuk kuring mah leuwih hade ditangani ku masarakat we. bonganna
urang boga aparat ge asa teu puguh cabak. padahal intel boga, brimob
boga jrrd. sanes teu hormat ka aparat dalah rek kumaha deui sangkilang
geus jatuh korban eta barudak geng teh tacan keneh kasusud nepika beak.
saran kuring mah sederhana
kumaha lamun gajih pulisi dibikeun sawareh ka masarakat anu geus baroga
inisiatip pikeun newak barudak geng motor tea. siganamah bakal
sarumanget..........da aya duitan
hapunten ah bilih didieu aya pa pulisi
teu sadaya pulisi awon damelna
mung da buktosna........
 
baktos
 
ahmad

Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        Ari ceuk sim kuring mah eta aya tilu komponen anu kudu sarua
milu ulubiung kana ieu persoalan.
         
        1. KOLOTNA SORANGAN
        Sing rariket pageuh iket, saringsing pageuh kancing. Barudak teh
rek jadi naon atuh ...!? Iwal ti aranjeun sorangan anu bisa ngadidik
budak teh. Pan aya paribasa kanjeun teh teuing kolotna panjahat, asal
budak aing mah kudu bener. Ngadon hayoh wae nyieunan budak ari
ngagedekeun kanu jalan anu bener teu sanggup. Eta mah kolot anu teu
tanggung jawab atuh ......
         
        2. APARAT PULISI
        Cingan atuh bereskeun jeung tertibkeun, apanan aya UU nyieun
perkumpulan teh ....... Naha maranehna nyieun parkumpulan eta teh geus
aya widi ti aparat tur pajabat satempat ...!? Lamun tea mah euweuh
ijin-ijinana mah, pan atuh kari "nindak" wae kualesan bisa ngaresahkeun
masyarakat .... atawa naon wae pan ari jengkol mah aya usumna da ekol
mah euweuh..........
         
        3. MASYARAKAT
        Tong sok dilaljoanan ..... antepkeun wae ...... Kasarna mah tong
dibere hate ......, anggur laporkeun wae langsung ka aparat anu
berwenang (pulisi) lamun maranehna geus ngamimitian nyieun onar tur
kaributan. Kudu kompak, tong sewang-sewangan. Lamun aya anggota
masyarakat nu miluan asup ka eta parkumpulan, mendingan ditindak wae
langsung.
         
        Tah teuing ketang, ah........ Asa teu pararuguh ngetikna oge ...
ieu teh ..... 
        Meni kesel da atuh ngabandunganana oge ....... Keselna teh lain
anu aralusna nu ditarurutan teh .... horeng ngadon teu aleucreugna
geuningan. Da ieu teh pasti akibat tina informasi ti luar atuh biasana
mah tina filem-filem.
         
        Mangga tah nyanggakeun ka nu langkung berkepentingan .....
Moga-moga budak sim kuring mah moal nepi kamiluan anu karitu.
         
        Hatur nuhun,
        wass,
        gl
         
        Dari: "[EMAIL PROTECTED]"
        Terkirim: Kamis, 8 November, 2007 4:09:35
        
        muhun abdi ge tos terang ti milist tatanggi soal genk motor di
bandung nu ngarajaan jalanan 
        eta genk nu terkenal aya 4 genk motor 
        anggota genk teh kedah disumpah macem-macem 
        kedah ngalawan ka rama sareng ibu jsb... 
        teras mun hoyong liren tina eta genk teh kedah motong jari 
        saurna mah tanda rasa setia ka genk na. 
        
        sanes kitu beritana teh? hapunten bilih lepat mah 
Die Cikiray <die_cikiray@ yahoo.co. uk> 
Sent by: [EMAIL PROTECTED] ups.com 
11/08/2007 02:46 PM 
Please respond to
[EMAIL PROTECTED] ups.com
To
[EMAIL PROTECTED] ups.com 
cc
 
Subject
[Urang Sunda] Gank..onar
 
 
 
        Gank motor di Bandung mulai rame deui nyieun kaonaran, cik
kawajiban saha tah, nertibkeunana. meuni sararieun ningalina oge. Ceuk
beja mah loba anak geugeuden nu jadi anggotana. jadi hese diberantasna,
ceunah. Ayeuna mending korban masyarakat atawa mending numpas Gank anu
ngareusahkeun? ?? 
        .
        
<http://geo.yahoo.com/serv?s=97359714/grpId=1862056/grpspId=1705013556/m
sgId=122225/stime=1194513696/nc1=4776373/nc2=4763759/nc3=4990213> 
         
        
  _____  

        Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda
di Yahoo! Answers
<http://sg.rd.yahoo.com/mail/id/footer/def/*http:/id.answers.yahoo.com/>

 
 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 
 

Kirim email ke