Nyobi ngiring urun rembuk ah......

Sim kuring Wawan, kawit ti Cijerah- Bandung Kulon.
Ngantunkeun Bandung taun 1985-an, damel di Jakarta.
Kamari maos berita di detik.com mai prihatin pisan
ku kayaan di Bandung. Jigana mah muhun kedah masyarakat we
anu nindak, da upami ngantosan anu berwenang mah duka
iraha aranjeunna bade bergerak. 

salam baktos,
Wawan

  ----- Original Message ----- 
  From: surtiwa surtiwa 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, November 09, 2007 9:24 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Gank..onar


  Ari di Amrik basa keur di Colorado mah..ari geng Motor
  ngacowkeun/ngaganggu rakt..masyarakatna
  ngalawan...Pulisi kakara misah...lamun masyarakat eu
  ngalawan mah nya pasti wae..geng teh ngajadi
  jadi...Kuring mah ngadoakeun wae supaya eta geng motor
  teh "salah" milih sasaran nandasa anggota/kulawarga
  Brimob/Kopasus/Marinir/Paskhas/Group Yapto...supados
  aya feedbackna...

  --- Die Cikiray <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  > Jigana mah kudu kitu...( tah mangga aremutan kunu
  > berwenang kumaha upami masyarakat anu bertindak,
  > margi tos seueur korban ) bilih aya kulawargi aparat
  > nu janten korban kabrutalan Gank, pan saha nu
  > rugel..
  > 
  > 
  > Ahmad Bio_unpad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > ngiring ngarojong ah
  > lamun ceuk kuring mah leuwih hade ditangani ku
  > masarakat we. bonganna urang boga aparat ge asa teu
  > puguh cabak. padahal intel boga, brimob boga jrrd.
  > sanes teu hormat ka aparat dalah rek kumaha deui
  > sangkilang geus jatuh korban eta barudak geng teh
  > tacan keneh kasusud nepika beak.
  > saran kuring mah sederhana
  > kumaha lamun gajih pulisi dibikeun sawareh ka
  > masarakat anu geus baroga inisiatip pikeun newak
  > barudak geng motor tea. siganamah bakal
  > sarumanget..........da aya duitan
  > hapunten ah bilih didieu aya pa pulisi
  > teu sadaya pulisi awon damelna
  > mung da buktosna........
  > 
  > baktos
  > 
  > ahmad
  > 
  > Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > 
  > Ari ceuk sim kuring mah eta aya tilu komponen anu
  > kudu sarua milu ulubiung kana ieu persoalan.
  > 
  > 1. KOLOTNA SORANGAN
  > Sing rariket pageuh iket, saringsing pageuh
  > kancing. Barudak teh rek jadi naon atuh ...!? Iwal
  > ti aranjeun sorangan anu bisa ngadidik budak teh.
  > Pan aya paribasa kanjeun teh teuing kolotna
  > panjahat, asal budak aing mah kudu bener. Ngadon
  > hayoh wae nyieunan budak ari ngagedekeun kanu jalan
  > anu bener teu sanggup. Eta mah kolot anu teu
  > tanggung jawab atuh ......
  > 
  > 2. APARAT PULISI
  > Cingan atuh bereskeun jeung tertibkeun, apanan aya
  > UU nyieun perkumpulan teh ....... Naha maranehna
  > nyieun parkumpulan eta teh geus aya widi ti aparat
  > tur pajabat satempat ...!? Lamun tea mah euweuh
  > ijin-ijinana mah, pan atuh kari "nindak" wae
  > kualesan bisa ngaresahkeun masyarakat .... atawa
  > naon wae pan ari jengkol mah aya usumna da ekol mah
  > euweuh..........
  > 
  > 3. MASYARAKAT
  > Tong sok dilaljoanan ..... antepkeun wae ......
  > Kasarna mah tong dibere hate ......, anggur
  > laporkeun wae langsung ka aparat anu berwenang
  > (pulisi) lamun maranehna geus ngamimitian nyieun
  > onar tur kaributan. Kudu kompak, tong
  > sewang-sewangan. Lamun aya anggota masyarakat nu
  > miluan asup ka eta parkumpulan, mendingan ditindak
  > wae langsung.
  > 
  > Tah teuing ketang, ah........ Asa teu pararuguh
  > ngetikna oge ... ieu teh ..... 
  > Meni kesel da atuh ngabandunganana oge .......
  > Keselna teh lain anu aralusna nu ditarurutan teh
  > .... horeng ngadon teu aleucreugna geuningan. Da ieu
  > teh pasti akibat tina informasi ti luar atuh biasana
  > mah tina filem-filem.
  > 
  > Mangga tah nyanggakeun ka nu langkung
  > berkepentingan ..... Moga-moga budak sim kuring mah
  > moal nepi kamiluan anu karitu.
  > 
  > Hatur nuhun,
  > wass,
  > gl
  > 
  > 
  > 
  > Dari: "[EMAIL PROTECTED]"
  > Terkirim: Kamis, 8 November, 2007 4:09:35
  > 
  > muhun abdi ge tos terang ti milist tatanggi soal
  > genk motor di bandung nu ngarajaan jalanan 
  > eta genk nu terkenal aya 4 genk motor 
  > anggota genk teh kedah disumpah macem-macem 
  > kedah ngalawan ka rama sareng ibu jsb... 
  > teras mun hoyong liren tina eta genk teh kedah
  > motong jari 
  > saurna mah tanda rasa setia ka genk na. 
  > 
  > sanes kitu beritana teh? hapunten bilih lepat mah 
  > 
  > Die Cikiray <die_cikiray@ yahoo.co. uk> 
  > Sent by: [EMAIL PROTECTED] ups.com 11/08/2007
  > 02:46 PM Please respond to
  > [EMAIL PROTECTED] ups.com
  > 
  > To
  > [EMAIL PROTECTED] ups.com cc
  > 
  > Subject
  > [Urang Sunda] Gank..onar
  > 
  > 
  > 
  > Gank motor di Bandung mulai rame deui nyieun
  > kaonaran, cik kawajiban saha tah, nertibkeunana.
  > meuni sararieun ningalina oge. Ceuk beja mah loba
  > anak geugeuden nu jadi anggotana. jadi hese
  > diberantasna, ceunah. Ayeuna mending korban
  > masyarakat atawa mending numpas Gank anu
  > ngareusahkeun? ?? 
  > 
  > 
  > .
  > 
  > 
  > 
  > 
  > 
  > ---------------------------------
  > Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan,
  > di bidang Anda di Yahoo! Answers 
  > 
  > 
  > 
  > 
  > __________________________________________________
  > Do You Yahoo!?
  > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
  > protection around 
  > http://mail.yahoo.com 
  > 
  > 
  > ---------------------------------
  > For ideas on reducing your carbon footprint visit
  > Yahoo! For Good this month.

  __________________________________________________
  Do You Yahoo!?
  Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
  http://mail.yahoo.com 


   

Kirim email ke