> From: Tatang Sariman
> Wangsul deui ka budaya awon di Arab, sadidinten ningali istri ditarutup
> oratna, ari usum haji aya awewe anu dibaju beda, awakna masih kaciri,
> dibaju
> tapi seksi, atuh barang aneh keur lalaki urang arab?? nya pantes bae
> dibawa kabur diperkosa malah terus dipaehan.

Panginten kitu intina mah Aki Tams. Maksud kuring nyandak conto ka Arab,
sanes kuring ngaidentikkeun Arab jeung Islam, tapi nyambung kana patarosan
kuring tea, naha jilbab bisa menerkeun moralitas hiji masyarakat,
ngabarantas kamaksiatan? Kuring terang ieu hiji patarosan nu HESE DIJAWAB,
tapi sacara kualitatif urang tiasa ningali kumaha moralitas masyarakat Arab
Saudi (oge nagara2 teluk sanesna)  dina masalah kamaksiatan, padahal
masyarakat Arab Saudi 100% awewena dijilbab. Asumsi yen awewe dijilbab,
dibungkus dibuni-buni, bakal ngaleungitkeun kamaksiatan, punten ceuk kuring
mah asumsi "naif" pisan, sabab geus aya contona, sapertos nu ku Aki Tams
nyalira oge disebatkeun. Lalaki sanes tambah "melempem" tapi beuki haranga,
lir ibarat singa kalaparan ......

25 taun katukang, kuring kungsi hirup di Kampung urang Dayak di kajeroan
Kalimantan Barat salila sabulan leuwih. Di kampung jero leuweung ieu, urang
Dayak teu dibaraju, estu baluligir, kaasup awewena, pinareup diobral
kamana-mendi. Tangtu lamun make logika "ourat teu ditutup",  bakal mucunghul
anggapan di ieu masyarakat Dayak,  kamaksiatan bakal ngamarajarela.
Kanyataaanna henteu kitu, dina urusan seks, maranehana "ketat" pisan. Teu
aya seks bebas, teu aya awewe nu gampang dibawa, sadayana aya aturanana.
Ngalanggar aturan ieu, aya hukumanana ti mimiti denda adat tepi ka
diasingkeun ka leuweung sosoranganan. Masyarakatna estu ayem tengtrem
........tepi ka kadatangan kaum pendatang nu ngarasa leuwih boga moral
punjul, saperti kuring saparakanca, nu jadi paciwueh teu puguh, ningali
awewe dibaluligir kitu!. Ku jadi paciweuhna, kaasup ampir unggal poe motoan,
pupuhu adatna jadi ngarti, ngintruksikeun kaum wanojana teu meunang
kukulamprengan ka deukeut base camp tempat kuring saparakanca nganjrek.
Maranehna oge pindah tempat lamun marandi, teu di tempat anu sarua jeung
kuring saparakanca. Duka naon anggapan maranehna ka kuring saparakanca,
sigana mah teu jauh ti anggapan urang ka urang Arab:  haranga, kalaparan
....

Pangalaman kuring ieu, oge salah sahiji conto nu nunjukkeun moralitas
sabenerna teu bisa ditempo tina busana nu dipake. Komo deui soal
kamaksiatan, nu mangrupakeun panyakit sosial, moal cageur ku cara "mungkus"
awewe. Tapi, saperti ceuk Bah Surtiwa, make jilbab teh sabenerna
mangrupakeun KAYAKINAN. Nu aranna kayakinan, ari ceuk kuring  mah, teu kudu
dipilarian alesan-alesan logis keur nguatkeunana, cekap we ku alesan ieu
parentah agama (keur nu nganggap jilbab teh wajib). Peun.

Punten kanu teu sapagodos.

Baktos,
WALUYA








Kirim email ke