Ngaos sertan anu paranjang duanana ieu..keukeuh wae teu acan jelas jawaban
kana patarosan Kang W soal korelasi antawis Jilbab sareng HIV?AIDS-
Moralitas ! Keukeuh wae ceuk abdi mah teu aya direct correlation..ngan aya
usaha jalmi bader ngahubung2keun..kanggo dakwah...



On 12/16/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Leres dina Islam mah teu aya paksaan, tapi Nagari Arab teu kedah janten
> ukuran, da Arab teu sami sareng Islam. Sanaos kitu Alloh nurunkeun Islam di
> kawasan Arab, ngabuktoskeun Arab anu harita biadab /jahiliyah tiasa robah,
> mung ku perkembangan zaman sareng budaya oge sigahna, kawin teh cenah mahal
> pisan maharna? jadi eta geus robah tina ajaran Islam. Islam ngawajibkeun
> nutup orat teh sidikan supaya awewe jeung lalaki bisa hirup campur gaul
> diajar atawa digawe babarengan teu haram da awewena naruptup orat. Tapi
> nyakitu tea, naha ku adat budaya atawa zaman, jadi rubah jadi dipisahkeun.
> Nutup oratna oge leuleuwiheun sagala ditutup, padahal ti dituna mah dampal
> leungeun jeung raray mah teu orat. jadi carita di Arab kitu teh sanajan
> hukumna beurat, nya aya wae carita merkosa malah terus dipaehan. Sabab cenah
> jelema mah lamun jahat teh bisa lewih jahat tibatan sato (ceramah bang Iman
> baheula di Masjid Salman ITB). Dicontoan ku kalakuan anu jahat di kampung,
> mun kebo narajang kebon ngan saukur ngahakan jukutna, ngaruksak pagerna;
> tapi lamun jelema jahat aya sagala dibawa sagala dirampid rebo ngelek ngegel
> ceuk paribasana, aya sampeu, hui, cau, naon bae anu bisa dipaling, lain ukur
> didahar, mun bisa malah nepi ka dijual.
> Wangsul deui ka budaya awon di Arab, sadidinten ningali istri ditarutup
> oratna, ari usum haji aya awewe anu dibaju beda, awakna masih kaciri, dibaju
> tapi seksi, atuh barang aneh keur lalaki urang arab?? nya pantes bae dibawa
> kabur diperkosa malah terus dipaehan. Mahalna kawin di Arab, memang biologi
> teu bisa dibendung, tos fitrah manusa kedah kawin, teu sakedik anu milarian
> kawin kontrak di urang. Aki yakin lamun urang Islam kaffah dina Islamna,
> caritana bisa jadi lain??? Sanaos setan oge beuki canggih ngagodana,
> alesanana, manusa mahluk anu paling mulia tibatan mahluk2 sejen, asal ulah
> leuwih goreng tibatan sato??
>
> *Waluya <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  > From: Tatang Sariman
> > Mungkin nembe yakin heula, prakna ke sugan......Tangtos teu aya paksaan
> ka
> > saha wae sareng ka pihak mana wae oge.
>
> Tah ari kitu mah urang sapagodos, teu kedah dipaksa, keun we kumaha
> kayakinan masing-masing. Perkawis AIDS/HIV sareng jilbab, aya hubunganana
> Aki Tams, ngan cenah nu dikurudunganana ulah sirah awewe, tapi sirah
> lalaki
> ...eta oge sanes sirah nu diluhur ....tapi "sirah" nu dihandap
> .....hehehehe
>
> Aki Tams, perkawis jilbab jeung moral, kuring rek nyandak conto di Arab
> Saudi. Kuring acan kaditu ngan ceuk beja, awewe arab saudi mah lamun
> kaluar
> kudu buni dikurudung ditambah dicadar, jeung teu meunang sosorangan kudu
> jeung mahramna. Awewe oge dipisahkeun jeung lalaki
> ditempat-tempat/fasilitas
> umum. Naha ku aturan ieu, moral jadi aralus?
>
> Tangtos nu parantos munggah haji, sok aya nu mamatahan, cenah kade lamun
> naek taksi, pamajikan ulah asup tiheula kana taksi, kudu lalaki ti heula.
> Alesanana bisi pamajikan dibawa kabur ku supir taksi!. Tina papatah eta
> oge,
> kacipta kumaha TEU AMANNA Arab Saudi keur awewe. Loba lalaki nu hayang
> ngobral nafsu, geus teu ningali deui moralitas demi nafsu!. Jeung loba
> dongeng deui nu nunjukkeun lalaki Arab Saudi ka obsesi luar biasa ku
> awewe.
>
> Lalaki Arab Saudi libidona gede kulantaran beuki daging embe? Ah sigana
> mah
> lain eta, daging embe mah ukur mitos. Tapi ceuk kuring mah kulantaran
> kahirupan sosial urang Arab Saudi misahkeun lalaki jeung awewe ti budak
> keneh. Kulantaran dipisahkeun, akibatna boh lalaki atawa awewe nganggap
> lawan jenisna teh "MANGKELUK nu BEDA" jeung manehna. Lalaki akhirna
> nganggap awewe sabage "mangsa" sabalikna awewe nganggap dirina salawasna
> rek
> "dimangsa" wae. Lalaki= singa, awewe=mencek. Nu aranna mencek salawasna
> kudu
> racingeus, sabab dimana-dimana aya predator nu siap rek ngerekeb. Singa
> (predator) dina neangan mangsana, tangtu milih mangsa nu teu awas kana
> bahaya.
>
> Awewe kudu siga mencek rancingeus, kudu dibungkus sing buni lamun kaluar
> ti
> imah, dianteur ku lalaki kulawargana, sabab lamun henteu lir ibarat mencek
>
> kukulamprengan dileuweung sosorangan, resiko dikerekeb ku singa gede
> pisan.
> Tah lamun logikana model kieu, tanggtu nu berlaku moral di leuweung lain
> moral jalma nu beradab!
>
> Nu hade, lalaki jeung awewe kudu papada ngarti yen dua mangkeluk beda
> lawan
> jenis teh, sabenerna mah mangkeluk nu sarua, lain hubungan antara predator
>
> jeung mangsana. Carana kudu gaul ti budak keneh. Sakola teu meunang
> misahkeun murid lalaki jeung murid awewe, dina sapopoena oge kudu gaul,
> nepi
> ka mucunghul saling pengertian. Sigana ku logika model kieu, sakola Islam
> tempat anak kuring sakola, tetep ngahijikeun budak lalaki jeung awewe
> sakelas. KItu deui sakola Katholik di Bandung, nu baheula mah aya sakola
> khusus keur budak lalaki, aya sakola khusus keur budak awewe. Ayeuna mah
> geus henteu, muridna dicampur.
>
> Eh jadi ngacapruks, naon hubunganana jeung Jilbab? .....ah lamun bisa mah,
>
> enya ditempo tina sudut ieu sigana jilbab teh teu kudu buni-buni teuing,
> tepi ka teu jelas ari nu disebut mangkeluk awewe teh siga kumaha nya? nu
> ngajedig dibungkus hideung wungkul kitu?
>
> Punten kanu teu sapagodos.
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
>  ------------------------------
> Never miss a thing. Make Yahoo your 
> homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs>
>
> 
>

Kirim email ke