Leres pisan bapa, margi indikator moral diukur mung ku jilbab hungkul mah pasti naifna. Aki tams can mendak hiji kajantenana wujud ku hiji sabab, atanapi ditangtoskeun wujudna eta mung ku hiji faktor. Bade ngajelaskeun moral diukur ku jilbab? Moral anu sae atanapi awon wae ukuranana naon? Jilbab biasana mung kangge Istri muslimah anu yakin wajib teras ngalaksanakeun kayakinanana. Padahal obrolan urang ieu teu ngan ukur istri anu kacandak, tapi malah pameget oge?. Numawi dina kabiasaan nyaketan hiji masalah sacara ilmiah sok ngangge pendekatan multi faktor analisis. Langkung seueur faktor anu diangge dina eta pendekatan, tiasa janten langkung tiasa ngajelaskeun anu nuju dianalisis. Tangtos teu sagawayah asal faktor, aya kaedah sareng logika anu diangge nangtoskeun faktor2 naon wae anu bakal diangge. Indikator kangge moral teh saleresna naon wae? eta masalahna dina obrolan urang ieu?. Sigahna kembangna moral buahna prilaku /sikap? aki tams teu pasti, teu faham widang eta. Satiap jalmi tiasa janten prilakuna benten2 dina rupi2 masalah, margi ciri2na satiap jalmi oge teu sami. Perkawis aya henteuna hubungan, naha positif atanapi negatif antawis anu dijelaskeun sareng faktor2 anu diangge dina eta pendekatan, tangtos aya (pasti), mung hubungan eta teh naha signifikan atanapi henteu?. Biasana mah anu sok disebat hubunganana kiat dinyatakeun dina persen (peratusan) nyaketan kana angka 1 (100%) gumantung para ahli dina eta widang. Widang eksakta signifikansi 70% boa2 teu signifikan (sapertos dina urusan nyawa pasen, penerbangan srrd), teu tiasa disebat eta hubunganana kiat. Kadangkala dina widang sosial 60% oge aya anu nyebat signifikan. Maksadna persen eta tiasa ngajelaskeun sakitu persen ku faktor2 anu diangge dina eta masalah. Kadangkala oge sok dihartoskeun faktor2 anu diangge disebatkeun signifikan atanapi penting diperhatoskeun. Punten sanes ngaguruan ngojay ka lauk he he he he, paralun teuing, ieu mah mung sakadar anu kantos aki tams terang, duka kitu oge jigahna seueur oge anu tos harilap yeuh. Kumaha atuh ngawaler patarosan kang Waluya?, diantos baraya sanesna anu aya minat dina perkara ieu, naha sponsor biaya kangge nalungtikna atanapi pangaweruh sareng sajabina, sumangga diantos, hatur nuhun sateuacana.
H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ngaos sertan anu paranjang duanana ieu..keukeuh wae teu acan jelas jawaban kana patarosan Kang W soal korelasi antawis Jilbab sareng HIV?AIDS- Moralitas ! Keukeuh wae ceuk abdi mah teu aya direct correlation..ngan aya usaha jalmi bader ngahubung2keun..kanggo dakwah... On 12/16/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Leres dina Islam mah teu aya paksaan, tapi Nagari Arab teu kedah janten ukuran, da Arab teu sami sareng Islam. Sanaos kitu Alloh nurunkeun Islam di kawasan Arab, ngabuktoskeun Arab anu harita biadab /jahiliyah tiasa robah, mung ku perkembangan zaman sareng budaya oge sigahna, kawin teh cenah mahal pisan maharna? jadi eta geus robah tina ajaran Islam. Islam ngawajibkeun nutup orat teh sidikan supaya awewe jeung lalaki bisa hirup campur gaul diajar atawa digawe babarengan teu haram da awewena naruptup orat. Tapi nyakitu tea, naha ku adat budaya atawa zaman, jadi rubah jadi dipisahkeun. Nutup oratna oge leuleuwiheun sagala ditutup, padahal ti dituna mah dampal leungeun jeung raray mah teu orat. jadi carita di Arab kitu teh sanajan hukumna beurat, nya aya wae carita merkosa malah terus dipaehan. Sabab cenah jelema mah lamun jahat teh bisa lewih jahat tibatan sato (ceramah bang Iman baheula di Masjid Salman ITB). Dicontoan ku kalakuan anu jahat di kampung, mun kebo narajang kebon ngan saukur ngahakan jukutna, ngaruksak pagerna; tapi lamun jelema jahat aya sagala dibawa sagala dirampid rebo ngelek ngegel ceuk paribasana, aya sampeu, hui, cau, naon bae anu bisa dipaling, lain ukur didahar, mun bisa malah nepi ka dijual. Wangsul deui ka budaya awon di Arab, sadidinten ningali istri ditarutup oratna, ari usum haji aya awewe anu dibaju beda, awakna masih kaciri, dibaju tapi seksi, atuh barang aneh keur lalaki urang arab?? nya pantes bae dibawa kabur diperkosa malah terus dipaehan. Mahalna kawin di Arab, memang biologi teu bisa dibendung, tos fitrah manusa kedah kawin, teu sakedik anu milarian kawin kontrak di urang. Aki yakin lamun urang Islam kaffah dina Islamna, caritana bisa jadi lain??? Sanaos setan oge beuki canggih ngagodana, alesanana, manusa mahluk anu paling mulia tibatan mahluk2 sejen, asal ulah leuwih goreng tibatan sato?? Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > From: Tatang Sariman > Mungkin nembe yakin heula, prakna ke sugan......Tangtos teu aya paksaan ka > saha wae sareng ka pihak mana wae oge. Tah ari kitu mah urang sapagodos, teu kedah dipaksa, keun we kumaha kayakinan masing-masing. Perkawis AIDS/HIV sareng jilbab, aya hubunganana Aki Tams, ngan cenah nu dikurudunganana ulah sirah awewe, tapi sirah lalaki ...eta oge sanes sirah nu diluhur ....tapi "sirah" nu dihandap .....hehehehe Aki Tams, perkawis jilbab jeung moral, kuring rek nyandak conto di Arab Saudi. Kuring acan kaditu ngan ceuk beja, awewe arab saudi mah lamun kaluar kudu buni dikurudung ditambah dicadar, jeung teu meunang sosorangan kudu jeung mahramna. Awewe oge dipisahkeun jeung lalaki ditempat-tempat/fasilitas umum. Naha ku aturan ieu, moral jadi aralus? Tangtos nu parantos munggah haji, sok aya nu mamatahan, cenah kade lamun naek taksi, pamajikan ulah asup tiheula kana taksi, kudu lalaki ti heula. Alesanana bisi pamajikan dibawa kabur ku supir taksi!. Tina papatah eta oge, kacipta kumaha TEU AMANNA Arab Saudi keur awewe. Loba lalaki nu hayang ngobral nafsu, geus teu ningali deui moralitas demi nafsu!. Jeung loba dongeng deui nu nunjukkeun lalaki Arab Saudi ka obsesi luar biasa ku awewe. Lalaki Arab Saudi libidona gede kulantaran beuki daging embe? Ah sigana mah lain eta, daging embe mah ukur mitos. Tapi ceuk kuring mah kulantaran kahirupan sosial urang Arab Saudi misahkeun lalaki jeung awewe ti budak keneh. Kulantaran dipisahkeun, akibatna boh lalaki atawa awewe nganggap lawan jenisna teh "MANGKELUK nu BEDA" jeung manehna. Lalaki akhirna nganggap awewe sabage "mangsa" sabalikna awewe nganggap dirina salawasna rek "dimangsa" wae. Lalaki= singa, awewe=mencek. Nu aranna mencek salawasna kudu racingeus, sabab dimana-dimana aya predator nu siap rek ngerekeb. Singa (predator) dina neangan mangsana, tangtu milih mangsa nu teu awas kana bahaya. Awewe kudu siga mencek rancingeus, kudu dibungkus sing buni lamun kaluar ti imah, dianteur ku lalaki kulawargana, sabab lamun henteu lir ibarat mencek kukulamprengan dileuweung sosorangan, resiko dikerekeb ku singa gede pisan. Tah lamun logikana model kieu, tanggtu nu berlaku moral di leuweung lain moral jalma nu beradab! Nu hade, lalaki jeung awewe kudu papada ngarti yen dua mangkeluk beda lawan jenis teh, sabenerna mah mangkeluk nu sarua, lain hubungan antara predator jeung mangsana. Carana kudu gaul ti budak keneh. Sakola teu meunang misahkeun murid lalaki jeung murid awewe, dina sapopoena oge kudu gaul, nepi ka mucunghul saling pengertian. Sigana ku logika model kieu, sakola Islam tempat anak kuring sakola, tetep ngahijikeun budak lalaki jeung awewe sakelas. KItu deui sakola Katholik di Bandung, nu baheula mah aya sakola khusus keur budak lalaki, aya sakola khusus keur budak awewe. Ayeuna mah geus henteu, muridna dicampur. Eh jadi ngacapruks, naon hubunganana jeung Jilbab? .....ah lamun bisa mah, enya ditempo tina sudut ieu sigana jilbab teh teu kudu buni-buni teuing, tepi ka teu jelas ari nu disebut mangkeluk awewe teh siga kumaha nya? nu ngajedig dibungkus hideung wungkul kitu? Punten kanu teu sapagodos. Baktos, WALUYA --------------------------------- Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. --------------------------------- Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.