Sakainget wae ieu mah kang Lesmana,

Salila ieu memang pertanian urang can mampu nyumponan pangabutuh 
bangsa urang sorangan kana kadele. Hartina, salila ieu urang memang 
ngimpor kadele. Tah, kusabab ayeuna dolar naek, atawa harga minyak 
naek, kamampuan ngimpor kadele teh jadi kawatesan. Antukna, kadele 
ngurangan tur anu aya hargana jadi naek. Eta kamungkinan kahiji.

Kamungkinan kadua: aya anu ngulinkeun harga kadele. Istilah Indonesia 
na mah bermain di air keruh tea. Keur mah eukeur kadele ngurangan 
alatan impor kurang atawa tatanen kadele anu aya hasilna nyirorot 
(alatan banjir jeung sajabana), aya niat jail nimbun kadele sangkan 
nalika hargana mahal meunang untung gede.

Satemenna, ceuk ahli tatanen, di wilayah urang, utamana di daerah 
pantura, jateng jeung jatim, kadele alus jadina (bisa hirup, bisa 
dipelak. Ngan nyaeta, bibitna arang langka da nyakitu tea, boro-boro 
keur ngabibitkeun, hasil anu aya oge geus didagoan ku pasar anu teu 
weleh lapar. Tah soal bibit, pasalia jeung tempat ngebonna. Bibitna 
mah kudu disimpen di tempat anu tiis. Hartina, lamun meunang bibit 
tina hasil tatanen atawa meunang ngimpor keur nungguan waktu melak, 
nyimpenna teh kudu dina cool storage, mun henteu, tempat panyimpenana 
kudu aya di lokasi anu hawana tiis, model Lembang. Jadi, hal-hal eta 
anu kudu dipikiran, salian ti soal melak, miara jeung pasarna, lamun 
rek ancrub kana urusan kadele. Sugan kitu oge.

baktosna,
manAR






--- In urangsunda@yahoogroups.com, Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> Cingan atuh sugan wae aya baraya anu sanesna anu terang sajelas-
jelasna ...... kunaon atuh kacang kadele (kanggo bahan tahu/tempe) 
teh kedah ngimpor ti luar ....!? Punten pangwakcabalakeun masalah-
masalahna. Pasti seueur baraya anu terang ......... Sareng deuih pami 
aya anu kagungan warta saperkawis kacang kadele, mangga disuhungkeun 
galihna kedah kamana milarina ....... Tos kapalang baseuh ... urang 
ancrub sakalian geura ...!
> 
> hatur nuhun,
> gl
> ------------
> 
> Dari: asuntana <[EMAIL PROTECTED]>
> Terkirim: Senin, 14 Januari, 2008 12:41:49
> 
> Teh Rinrin, 
> Muhun jigana mah kedah aya pangrojong ti sadayana.
> Upami calon Bupati teu gaduh program kadele, wah..dodol pisan atuh.
> Tahu teh pan produk unggulan Sumedang, maenya Bupati cicing wae 
mah..
> 
> Kang Gagan,
> seueur pisan program lokal anu teu dukung ku pamarentah (soak lah 
sebatan nyalira..hehehe)
> Salah saurang pinisepuh "hutan rakyat" anu sukses di wonogiri 
sering heureuy:"kenapa program kami sukses? Karena pemerintah tidak 
ikut serta...heheheh" .
> Geuning ari parantos sukses mah, buru-buru Bupati di Wonogiri teh 
ngalereskeun jalan anu ka desa tempat hutan rakyat tea; soalna seueur 
tamu anu hoyong ningali kasuksesan desa "hutan rakyat" eta secara 
langsung. Tamu murudul boh ti nagri nyalira boh ti nagri batur..
> Paciweuh weh Bupati teh.......kaisinan. ...
> Heuheuyyyyyyy deudeuh!
> 
> nuhun,
> asep. 
> 
> 
> 
>       
> ________________________________________________________ 
> Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
> http://id.yahoo.com/
>


Kirim email ke