Soal bibit nya Kang Brad? Persis sakumaha eusining postingan si 
kuring kamari soal kadele ieu. Nya da sanajan kuring gundul dina 
pasoalan kadele, ari informasi mah meunang mulungan ti ahli tatanen 
oge. Saha eta ahli teh? Kang Brad ge apal: tukanhg ngadongeng soal 
karuhun ti lengkob G. Tangkubanparahu :)

baktos,
manAR
--- In urangsunda@yahoogroups.com, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
>  
>   
>   Saur Anjeuna, salah sahiji kabanggaan=susahna melak kacang kedele 
mah bibitna ngan tahan 3 bulan. Jadi nu katangkep ku pikiran abdi nu 
lain ahli pertanian, mun geus dipanen mun hayang melak deui kudu 
gancang keur ngungkulan bates waktu 3 bulan eta, bisi kadaluwarsa.   
>    
>   Loba cara keur nyingkahan waktu kadaluwasa binih, salah sahijina 
nya meureum kudu nyieun tempat nu cocok boh dina hal suhuna jeung 
kalembabanana pon kitu ngeunaan "parameter-parameter" sanesna nu kudu 
dijaga dina binih. Rupina parantos seueur ari studi banding atawa 
hasil panalungtikan mah komo di batur bisa ngahasilkeun jauh tibatan 
di urang mah. Perkawis usum atawa musim, sanes parantos seueur di 
urang anu niron kaayaan 4 usum di batur? Atawa mung sabates 
panalungtikan nu legana sakotak-dua kotak alias sacangkewok? Bisa oge 
meureum perlu biaya gede keur ngawangun leuit binih ieu, can 
kapanggih ahlina jeung nu beunghar kalawan kareyeng diurang ....atawa 
tetep perelu lulugu pamarentah?.....ah loba pisan alesan mah! 
>    
>    
>   hag siah!
>    
>   porenges
>   anak  tukang tani
>    
>    
>   MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>    
>   Perkara tatenen kadele ieu teh ti baheula geus jadi
> hiji agenda pamarentah. Menteri Ristek sorangan
> (Kusmayanto Kadiman, manten Rektor ITB) kungsi
> ngadongeng perkara ieu.Sabab cenah, aya kadaharan
> urang Indonesia anu bahan pokona tina kacang ieu.
> Tatanen kadele ieu di urang ngan bisa ngahasilkeun 
> saeutik (ngan 2 ton/hektar). Beda jeung upama melak
> kadele di nagri 4 musim, bisa nepi ka 8 ton/hektar.
> Jadi ditarekahan kumaha oge, tetep wae heunteu
> maksimal. Jadi lamun diitung-itung "tai lutung",
> leuwih untung upama ngimpor. Tapi jigana ku ayana
> harga minyak bumi 100 dolar/barel, mangaruhan kana
> harga kacang kadele impor. Harga kadele anu salila ieu
> disubsidi, jigana pamarentah geus "teu tahan",
> mantuan.
> 
> Tah, kusabab salila ieu jijieunan kadaharan (tahu,
> tempe, kecap, jrrd) ngagantungkeun kana kadele
> impor,dina mangsa kieu kakara karasa kadaharan rakyat
> anu kitu teh geuning mahal, jeung kudu dibayar mahal,
> sabab mikirna pondok pisan, sangkan kadaharan rakyat
> eta tetep aya bari hargana harga rahayat.
> 
> 
> 
> 
>        
> ---------------------------------
> Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.
>


Kirim email ke