Minggu kamari abdi ngobrol sareng salah sawios Ahli tatanen, Doktor 
pertanian. Anjeuna nyabit-nyabit ihwal tatanen kacang kedele nu di urang, leres 
mung 2 ton (1,8 ton) perhektarna. 
   
  Abdi naros naha tiasa kitu, bari akhir sabaraha patarosan dipungkas ku kecapa 
"pan"! .....pan seueur nu kersa jadi nu ka tilu?(sapertos corpon Ibu Holisoh ME)
   
  Saur Anjeuna, salah sahiji kabanggaan=susahna melak kacang kedele mah bibitna 
ngan tahan 3 bulan. Jadi nu katangkep ku pikiran abdi nu lain ahli pertanian, 
mun geus dipanen mun hayang melak deui kudu gancang keur ngungkulan bates waktu 
3 bulan eta, bisi kadaluwarsa.   
   
  Loba cara keur nyingkahan waktu kadaluwasa binih, salah sahijina nya meureum 
kudu nyieun tempat nu cocok boh dina hal suhuna jeung kalembabanana pon kitu 
ngeunaan "parameter-parameter" sanesna nu kudu dijaga dina binih. Rupina 
parantos seueur ari studi banding atawa hasil panalungtikan mah komo di batur 
bisa ngahasilkeun jauh tibatan di urang mah. Perkawis usum atawa musim, sanes 
parantos seueur di urang anu niron kaayaan 4 usum di batur? Atawa mung sabates 
panalungtikan nu legana sakotak-dua kotak alias sacangkewok? Bisa oge meureum 
perlu biaya gede keur ngawangun leuit binih ieu, can kapanggih ahlina jeung nu 
beunghar kalawan kareyeng diurang ....atawa tetep perelu lulugu 
pamarentah?.....ah loba pisan alesan mah! 
   
  Enya meureun....leuwih untung meuli ti batur! Barina oge leuwih gancang jadi 
tahu-tempena, kantun lantrak-lintrik ka Sumedang jeung Bandung, moal burung 
mendeyang patuangan. Teu perlu mikir 7 kuriling kumaha melak si kacang ieu bisa 
hade jeung ngaronjatkeun hirup patani! Salah sorongan jadi tukang tatanen!
   
  hag siah!
   
  porenges
  anak  tukang tani
   
   
  MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
   
  Perkara tatenen kadele ieu teh ti baheula geus jadi
hiji agenda pamarentah. Menteri Ristek sorangan
(Kusmayanto Kadiman, manten Rektor ITB) kungsi
ngadongeng perkara ieu.Sabab cenah, aya kadaharan
urang Indonesia anu bahan pokona tina kacang ieu.
Tatanen kadele ieu di urang ngan bisa ngahasilkeun 
saeutik (ngan 2 ton/hektar). Beda jeung upama melak
kadele di nagri 4 musim, bisa nepi ka 8 ton/hektar.
Jadi ditarekahan kumaha oge, tetep wae heunteu
maksimal. Jadi lamun diitung-itung "tai lutung",
leuwih untung upama ngimpor. Tapi jigana ku ayana
harga minyak bumi 100 dolar/barel, mangaruhan kana
harga kacang kadele impor. Harga kadele anu salila ieu
disubsidi, jigana pamarentah geus "teu tahan",
mantuan.

Tah, kusabab salila ieu jijieunan kadaharan (tahu,
tempe, kecap, jrrd) ngagantungkeun kana kadele
impor,dina mangsa kieu kakara karasa kadaharan rakyat
anu kitu teh geuning mahal, jeung kudu dibayar mahal,
sabab mikirna pondok pisan, sangkan kadaharan rakyat
eta tetep aya bari hargana harga rahayat.




       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Kirim email ke