Haturan Parawargi, wilujeng enjing. Saleresna ikuring tos lami hoyong nyodorkeun perkawis kawijakan moneter dina danget ieu, mung perkawis ieu teh tangtosna teu seueur anu mikaresep atawa anu mikawanoh, tapi indikator ekonomi ieu teh estuning straregisna kanggo hirup sareng huripna sektor riil. Sektor riil istilah anu rada teknis rada sesah milarian padanan anu langkung dipikawnoh ku masyarakat anu henteu kenal sareng elmu ekonomi, sektor ril ngawengku sagala rupi perniagaan, boh nu alit atawa anu ageung, industri girang atanapi hilir, manufaktur atanapi jasa sareng sajabina.
Suku Bunga Bank, kawijakan moneter khususna tingkat suku bunga dina danget ieu kawilang pang onjoyna, ari anu ngatur moneter ayeuna sagemblengna janten tangelwaler Bank Indonesia (BI) benten sareng jaman orba duka tah jaman orla mah tapi asa mah moal tebih ti orba margi Undang-undang Bank Sentralna pan nembe aya jaman repormasi, jigana para wargi emut keneh nalika BI bade merdeka gubernurna di udag-udang Gus Dur bade dipenjara. Ari anu kapeto jadi Bank Sentral ayeuna nyaeta BI kaharep can tangtu BI bisa bae robah, ku ayana UU eta ayeuna BI tiasa laluasa ngatur kawijakan moneter anu teu tiasa di-interpensi ku pamarentah atawa DPR, ayeuna "otoritas moneter" (dina hal BI) tiasa "mengaktualisasi diri" ngawujudkeun kondisi moneter anu ideal keur situasi sareng kondisi ekonomi di nagara ieu. Parawargi, peryogi ka uninga ku sadayana dina danget ieu Suku Bunga BI (BI rate) nyaeta 8,00%, teras dina wartos http://www.antara.co.id/arc/2008/1/4/target-bi-rate-jangka-panjang-3-hingga-4-persen/ Menurut Burhanuddin, saat di ruang tunggu VIP Bandara Juanda, sebenarnya target ini dicanangkan hingga 2010 mendatang pada level 4 plus minus 1. "Mudah-mudahan bisa berada di 4 minus 1 di 2010," jelasnya. Dina BI rate anu rada alit ieu otomatis industri perbankan nurunkeun "suku bunga simpanan" sahandapeun BI-rate, dina teori ekonomi makro upami suku bunga bank "mudun" tangtosna investasi "nerekel naek/ nanjak" tapi naha diurang ayeuna bunga bank 'rendah' tapi sektor riil/investasi henteu rame ekspansi? Jigana ayeuna masyarakat anu gaduh artos seueur langkung resep investasi di pasar modal ku kituna indek IHSG BEI kamari JSX mumbul-najung ibarat langlayangan katebak angin ageung ngapungna nyerepet pisan, dugi ka BNBR anu kapungkur pangosna mung saukur Rp.5,- per share sauna ayeuna mah tos tiasa ngabagikeun dividen. Saleresna tugas otoritas moneter tos sae tiasa menekan tingakt suku bunga sareng menjaga inflasi, sektor riil tidak bergerak cepat tangtosna aya fak-faktor sanes non moneter. Tah ayeuna, Kang Burhanuddin Abdullah urang garut tea rek di jagokeun jadi ketua IKA Unpad jiga moal aya anu bisa ngalawan euy! Ngan hanjakal sikuring mah moal bisa nyoblos Kang Burhan euy, baheula ge basa voting Kang Tito Sutalaksana anu sasatna senior dipangulinan sikuring teu bisa nyoblos. Parawargi aya deui anu ngaganjel dina hate uing, nyaeta perkara "gajih anu gede"; "harta anu loba"; "kalungguhan anu luhur"; "Otak anu encer" euweuh kolerasina jeung kabagjaan, kamulyaan atawa karaharjaan, kukituna urang salaku Urang Sunda anu ceuk ceunah Sunda teh harina MULYA urang ulah sieup (silau) ku nu kararitu. Bener jargon Kang Jalak "makarya mawa raharja" makarya oge mawa kabahagian jeung kamulyaan. Wassalam, ----- Original Message ----- From: Aschev Schuraschev To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Friday, January 18, 2008 9:45 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI Nambihan info, taun 1997 - 1999, staf BI anu sakola di AS kenging uang bulanan US$ 1500, sababaraha ratus dolar langkung ti uang saku mahasiswa PNS Indonesia sanesna sareng langkung ti dua kali lipet uang bulanan nu ditampi ku mahasiswa Malaysia (US$ 700). Upami ditilik tina kamampuan akademis, mahasiswa PNS ti departemendepartemen sanesna oge henteu eleh, malah seueur anu langkung sae prestasina manan mahasiswa kawit BI. Eta mah tos milikna (takdirna) wae panginten padamel BI kedah kenging panghasilan anu langkung. Tapi padamel departemen sanesna oge, sanaos masih dihandapeun standar BI, gajih sareng tunjangannana tos rada sae dibandingkeun sateuacanna. Komo deui padamel Ditjen Pajak mah. Tadi jam 7 wengi samobil sareng lulusan D1 STAN Cimahi (kaleresan anjeunna urang Ciugugur Kuningan) anu nembe damel di kantor pajak. Cenah anjeunna kenging gajih Rp. 5 jt. Lumayan ageung kanggo lulusan D1. Upami Kasi, cenah tiasa dugi ka ampir 20 jt (upami damel di LTO 2). Wangsit Prabu Siliwangi: Jung urang Sunda geura narindak jadi PNS. He he Punten mung nimbalan sual gajih / panghasilan, sanes mairan jejer da sim kuring kirang paos sual Unpad sareng kang Burhan mah.