He, he, he...... 
sikuring mah sanes ngangki kitu ka jalmi-sajalmi (orang per orang) tapi bilih 
aya pasifatan atawa paniatan dina diri urang sapertos kitu hayu urang eliminir, 
margi ninggal respos perkawis Kang Burhan anu katingal atra perkawis "fasilitas 
urang BI" anu langkung ti umum sanes kumuha performa anjeuna atanapi prosesna 
dugi ka tiasa janten jalmi penting teh. 
Eta meureun pedah sikuring ngarespon saatos respon ti Kang Aschev, kumargi 
respon ti Kang Aschev teh pang akhirna anu numbu ka posting-posting sateu 
acanna, didieu sikuring bade nembongkeun yen sikuring maca sadaya posting dina 
jejer ieu ti awal dugi ka posting akhir, kalebet anu ti Kang Hasan (MH) tapi 
posting anjeuna mah nyandak ti posting anu ngawitan anu ti Kang Ahmad, 
tangtosna Kang Hasan gaduh alesan nyalira sanes kaleresan atanapi henteu ngaos 
posting-posting sanesna. 

Kukitu kanggo Kang Asep, sikuring neda dihapunten (bari cong sikuring teh 
nyembah).

wassalam, 

  ----- Original Message ----- 
  From: Aschev Schuraschev 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Saturday, January 19, 2008 12:41 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI


  Pernah aya surelek di ieu babakan cenah urang Sunda teh minoritas di 
legislatif jeung eksekutif. Ku kituna, ari ceuk uing mah hneteu nanaon lamun 
urang ngagedean hate urang Sunda  (tangtuna pribadina atawa kulwargana anu can 
meunang gawe) supaya henteu sieun jadi pagawe nagri? Euweuh maksud uing ngajak 
urang Sunda supaya silo ku hal ieu. Astagfirullah gening beut aya nu nyangka 
tepi ka kitu. Gening aya nu kieu urang Sunda teh.








  ----- Original Message ----
  From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
  To: urangsunda@yahoogroups.com
  Sent: Saturday, January 19, 2008 8:18:58 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI



   
  Parawargi aya deui anu ngaganjel dina hate uing, nyaeta perkara "gajih anu 
gede"; "harta anu loba"; "kalungguhan anu luhur"; "Otak anu encer" euweuh 
kolerasina jeung kabagjaan, kamulyaan atawa karaharjaan, kukituna urang salaku 
Urang Sunda anu ceuk ceunah Sunda teh harina MULYA urang ulah sieup (silau) ku 
nu kararitu. Bener jargon Kang Jalak "makarya mawa raharja" makarya oge mawa 
kabahagian jeung kamulyaan. 

  Wassalam, 
    


  ----- Original Message ----- 
    From: Aschev Schuraschev 
    To: [EMAIL PROTECTED] ups.com 
    Sent: Friday, January 18, 2008 9:45 PM
    Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI



    Tapi padamel departemen sanesna oge, sanaos masih dihandapeun standar BI, 
gajih sareng tunjangannana tos rada sae dibandingkeun sateuacanna. Komo deui 
padamel Ditjen Pajak mah. Tadi jam 7 wengi samobil sareng lulusan D1 STAN 
Cimahi (kaleresan anjeunna urang Ciugugur Kuningan) anu nembe damel di kantor 
pajak. Cenah anjeunna kenging gajih Rp. 5 jt. Lumayan ageung kanggo lulusan D1. 
Upami Kasi, cenah tiasa dugi ka ampir 20 jt (upami damel di LTO 2).

    Punten mung nimbalan sual gajih / panghasilan, sanes mairan jejer da sim 
kuring kirang paos sual Unpad  sareng kang Burhan mah.



     




------------------------------------------------------------------------------
  Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it 
now.  

Kirim email ke