kamana kang Bowie nya? padamel BI tah. sok rajin transfer kanggo yp, tapi
khusus pikeun meseran buku pabukon Banjar. sabab manehna keur leutik di
Banjar. Hari Wibowo, urang wetan tapi keur leutik di Banjar, jadi milu
nineung ka tatar sunda jeung geus ngarasa jadi US. hade oge mun kang Bowie
milu ngeuyeuban perkara gajih di BI.

soal urang BI no 1 mah, kungsi jadi eusi rubrik urang sunda majalah
Cupumanik, beunang si kuring. Kang Burhan kaitung asgar sajati. basa
papandayan bitu deui, milu ngumpulkeun dana jeung nyumbang pikeun pengungsi.
jeung nu penting anjeuna noong US teu kudu minder atawa ngarasa minoritas
sagala. ngajak maju, ku cara jeung kabisa masing2.

soal gajihna mah mangga we, da si kuring mah pagawe yayasan atikan

nu rek dibejakeun mah keur puasa kamari jadi rada mindeng ka BI di Thamrin.
hayang muji kana gedongna nu ngajajar jarangkung make granit. tapi teu
kedal, malah ngahanjakalkeun,  desainna loba teuing detil (unak anik) nu teu
perlu, jadi kurang monumental. masjidna hade.
-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Reply via email to