Simkuring saluyu pisan sareng cariosan Aki Tams. Numutkeun pangalaman 
simkuring, sanaos lakirabi nembe tilu taun, mung tos karaos yen lakirabi teh 
teu teu sapertos nu dibayangkeun waktos bobogohan,..sagala endah,sagala 
ngeunah. Nu tadina nikah teh hoyong gaduh batur pakumaha eeh...malah kadang 
janten batur pasea. Tapi pan eta mah tiasa dianggap wajar nya Ki,...da nu 
namina dua hate mah pan moal sami, sapertos sendok sareng garpuh sanaos beten 
pungsi tetep we kadang sok paketrok, tinggal urang papada ngartos kahoyong 
masing-masing. pikir sarebu kali pami bade nyandak kaputusan, kumaha 
sabab-akibatna, payunkeun komunikasi sanes kitu Ki...!
...ah etamah atang-etang ngaragap diri sorangan, teu ngabibisaning da ayi..pan 
nu ngaraoskeun mah. Mung inti-na simkuring sapagodos sareng Aki Tams.

Baktos

kang zupardi


Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               Punten 
ieu aki tams nyobian nginten2 nya, sigahna sae ayi atanapi neng ditepangkeun 
sareng patilasan teh ngangge perantawisan pihak ka tilu, biasana sesepuh 
atanapi ustadz, nya langkung sae deui upami sepuh neng sareng mertua. Alesan 
aki, ... pangalam ieu mah, pami pirak teh saleresna hanjelu pisan. Impenan teh 
lelembutan urang anu aya dina otak sadar. Mung kadang2 kumargi aya oge anu 
langkung kiat ngadorong kana kaputusan urang, janten lelembutan waktos harita 
eleh, nya kajantenan pipirakan. Cobi wae emutan, patilasan teh sumping 
nyuhunkeun deui raksukanana. Angot alesanana aya anu ngarampog? Janten anu 
saleresna ajeunna ngaraos dirampog kukajantena pipirakan teh. Dina agami Islam 
suami istri teh diibaratkeun "raksukan" kangge masing2. Hartosna sanaos 
nyariosna teu kersa rujuk, padahal lelembutanana mah palay ngahiji deui 
sakumaha bihara bihari. Atuh salira oge dina impenan eta, masihkeun raksukan
 caroge anu aya keneh, Hartosna lelmbutan salira saleresna kersa  ngahiji deui, 
sanaos nyuhunkeun dipirak oge. Janten sigahna duriat aranjeun masih aya keneh 
etah. Numawi sae ngahiji deui wae atuh? Kitu tah kinten2 aki tams teh. sakitu 
pihatur aki, mugi2 aya manfaatna. Braal ah.

"yuvie.bjb" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:   
    sampurasun
  baraya sadayan,a punten abdi bade tumaros
  dua wengi kapengker abdi ngimpen mantan suami ngadatangan abdi ka rorompok di 
bandung teras nyarios acukna dirampok batur teras kuabdi teh dipasihan da 
seueur keneh acuk anjeuna nu aya di abdi.
  bilih aya nu tiasa maca impenan abdi punten pang macakeun da padhal mah 
ayeuna teh anjeuna keur ngewa pisan sareng cua pisan ka  abdi ku sabab abdi 
nyungkeun cerai.....sababna mah teu kedah dicarioskeun didieu keun weh, jeung 
deuih anjeuna alim rujuk deui jeung abdi naha bet lebet kana impenan nya?
  pertanda naon eta teh....sok ah nyungkeun dibaca ku nutiasa
  diatos......
   
  Regards
   
  Arkhi Roslia Yuvie
        

---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?   Find them fast with Yahoo! Search.
     
                               

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Kirim email ke