hiji deui, impenan abdi nu teu acan kapendak hartosna
abdi ngimpen patilasan abdi lebet bui teras kabur mung hoyong nepangan abdi 
sareng pun anak (buah hate abdi sareng anjeuna) tapi saatos papendak sareng 
abdi kalih pun anak, eta bapana budak teh katewak deui ku polisi, sok tah ki 
bilih tiasa deui maca, diantos ah.....

Regards

Arkhi Roslia Yuvie
  ----- Original Message ----- 
  From: tenni supardi 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, February 25, 2008 12:41 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Impenan?


  Simkuring saluyu pisan sareng cariosan Aki Tams. Numutkeun pangalaman 
simkuring, sanaos lakirabi nembe tilu taun, mung tos karaos yen lakirabi teh 
teu teu sapertos nu dibayangkeun waktos bobogohan,..sagala endah,sagala 
ngeunah. Nu tadina nikah teh hoyong gaduh batur pakumaha eeh...malah kadang 
janten batur pasea. Tapi pan eta mah tiasa dianggap wajar nya Ki,...da nu 
namina dua hate mah pan moal sami, sapertos sendok sareng garpuh sanaos beten 
pungsi tetep we kadang sok paketrok, tinggal urang papada ngartos kahoyong 
masing-masing. pikir sarebu kali pami bade nyandak kaputusan, kumaha 
sabab-akibatna, payunkeun komunikasi sanes kitu Ki...!
  ...ah etamah atang-etang ngaragap diri sorangan, teu ngabibisaning da 
ayi..pan nu ngaraoskeun mah. Mung inti-na simkuring sapagodos sareng Aki Tams.

  Baktos

  kang zupardi


  Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

    Punten ieu aki tams nyobian nginten2 nya, sigahna sae ayi atanapi neng 
ditepangkeun sareng patilasan teh ngangge perantawisan pihak ka tilu, biasana 
sesepuh atanapi ustadz, nya langkung sae deui upami sepuh neng sareng mertua. 
Alesan aki, ... pangalam ieu mah, pami pirak teh saleresna hanjelu pisan. 
Impenan teh lelembutan urang anu aya dina otak sadar. Mung kadang2 kumargi aya 
oge anu langkung kiat ngadorong kana kaputusan urang, janten lelembutan waktos 
harita eleh, nya kajantenan pipirakan. Cobi wae emutan, patilasan teh sumping 
nyuhunkeun deui raksukanana. Angot alesanana aya anu ngarampog? Janten anu 
saleresna ajeunna ngaraos dirampog kukajantena pipirakan teh. Dina agami Islam 
suami istri teh diibaratkeun "raksukan" kangge masing2. Hartosna sanaos 
nyariosna teu kersa rujuk, padahal lelembutanana mah palay ngahiji deui 
sakumaha bihara bihari. Atuh salira oge dina impenan eta, masihkeun raksukan 
caroge anu aya keneh, Hartosna lelmbutan salira saleresna kersa ngahiji deui, 
sanaos nyuhunkeun dipirak oge. Janten sigahna duriat aranjeun masih aya keneh 
etah. Numawi sae ngahiji deui wae atuh? Kitu tah kinten2 aki tams teh. sakitu 
pihatur aki, mugi2 aya manfaatna. Braal ah.

    "yuvie.bjb" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
      sampurasun
      baraya sadayan,a punten abdi bade tumaros
      dua wengi kapengker abdi ngimpen mantan suami ngadatangan abdi ka 
rorompok di bandung teras nyarios acukna dirampok batur teras kuabdi teh 
dipasihan da seueur keneh acuk anjeuna nu aya di abdi.
      bilih aya nu tiasa maca impenan abdi punten pang macakeun da padhal mah 
ayeuna teh anjeuna keur ngewa pisan sareng cua pisan ka abdi ku sabab abdi 
nyungkeun cerai.....sababna mah teu kedah dicarioskeun didieu keun weh, jeung 
deuih anjeuna alim rujuk deui jeung abdi naha bet lebet kana impenan nya?
      pertanda naon eta teh....sok ah nyungkeun dibaca ku nutiasa
      diatos......

      Regards

      Arkhi Roslia Yuvie

----------------------------------------------------------------------------
    Looking for last minute shopping deals? 




------------------------------------------------------------------------------
  Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.

   


------------------------------------------------------------------------------


  Internal Virus Database is out-of-date.
  Checked by AVG Free Edition. 
  Version: 7.5.516 / Virus Database: 269.19.1/1220 - Release Date: 1/11/2008 
6:09 PM

Kirim email ke