Waduh aki tams sanes paranormal yeuh, punten ah ulah diteraskeun nya, heu heu 
heu heu. Impenan anu kahiji oge saleresna kinten2, margi ari kitu mah boa leres 
boa henteu eta impenan teh, boa boa mung karangan hungkul?. Namung upami neng 
Yuvie ayana sarupi kitu, hanjelu neng Yuvie teu ngiring kana pamendak aki tea, 
nya eta ulah langsung, disarankeun teh kedah ngangge perantawisan. Anu dimaksad 
perantawisan teh jalmi anu dianggap bertuah, maksadna cariosanana dipercanten 
ku balarea, tangtosna jalmi anu leubeut ku pangalaman sareng ku pangewuhna, 
utamina dina widang Agama. Dina sagala urusan, impenan sanes anu kedah janten 
dasar, omat nya. Anu pasti mah aya masalah teh kedah dipilari jalan kaluarna 
nganggo dasar hukum Agama sareng darigama. Perkawis pirak, eta langkung sae 
nganggo dasar agama, margi nikah oge syahna ku agama.Sakitu ti aki tams. hatur 
punten.

"yuvie.bjb" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:      hiji deui, impenan abdi nu teu acan 
kapendak hartosna
  abdi ngimpen patilasan abdi lebet bui teras kabur mung hoyong nepangan abdi 
sareng pun anak (buah hate abdi sareng anjeuna) tapi saatos papendak sareng 
abdi kalih pun anak, eta bapana budak teh katewak deui ku polisi, sok tah ki 
bilih tiasa deui maca, diantos ah.....
   
  Regards
   
  Arkhi Roslia Yuvie
    ----- Original Message ----- 
  From: tenni supardi 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, February 25, 2008 12:41 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Impenan?
  

    Simkuring saluyu pisan sareng cariosan Aki Tams. Numutkeun pangalaman 
simkuring, sanaos lakirabi nembe tilu taun, mung tos karaos yen lakirabi teh 
teu teu sapertos nu dibayangkeun waktos bobogohan,..sagala endah,sagala 
ngeunah. Nu tadina nikah teh hoyong gaduh batur pakumaha eeh...malah kadang 
janten batur pasea. Tapi pan eta mah tiasa dianggap wajar nya Ki,...da nu 
namina dua hate mah pan moal sami, sapertos sendok sareng garpuh sanaos beten 
pungsi tetep we kadang sok paketrok, tinggal urang papada ngartos kahoyong 
masing-masing. pikir sarebu kali pami bade nyandak kaputusan, kumaha 
sabab-akibatna, payunkeun komunikasi sanes kitu Ki...!
...ah etamah atang-etang ngaragap diri sorangan, teu ngabibisaning da ayi..pan 
nu ngaraoskeun mah. Mung inti-na simkuring sapagodos sareng Aki Tams.

Baktos

kang zupardi


Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:       Punten ieu aki tams nyobian 
nginten2 nya, sigahna sae ayi atanapi neng ditepangkeun sareng patilasan teh 
ngangge perantawisan pihak ka tilu, biasana sesepuh atanapi ustadz, nya 
langkung sae deui upami sepuh neng sareng mertua. Alesan aki, ... pangalam ieu 
mah, pami pirak teh saleresna hanjelu pisan. Impenan teh lelembutan urang anu 
aya dina otak sadar. Mung kadang2 kumargi aya oge anu langkung kiat ngadorong 
kana kaputusan urang, janten lelembutan waktos harita eleh, nya kajantenan 
pipirakan. Cobi wae emutan, patilasan teh sumping nyuhunkeun deui raksukanana. 
Angot alesanana aya anu ngarampog? Janten anu saleresna ajeunna ngaraos 
dirampog kukajantena pipirakan teh. Dina agami Islam suami istri teh 
diibaratkeun "raksukan" kangge masing2. Hartosna sanaos nyariosna teu kersa 
rujuk, padahal lelembutanana mah palay ngahiji deui sakumaha bihara bihari. 
Atuh salira oge dina impenan eta, masihkeun raksukan caroge anu aya keneh,
 Hartosna lelmbutan salira saleresna kersa ngahiji deui, sanaos nyuhunkeun 
dipirak oge. Janten sigahna duriat aranjeun masih aya keneh etah. Numawi sae 
ngahiji deui wae atuh? Kitu tah kinten2 aki tams teh. sakitu pihatur aki, mugi2 
aya manfaatna. Braal ah.

"yuvie.bjb" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
    sampurasun
  baraya sadayan,a punten abdi bade tumaros
  dua wengi kapengker abdi ngimpen mantan suami ngadatangan abdi ka rorompok di 
bandung teras nyarios acukna dirampok batur teras kuabdi teh dipasihan da 
seueur keneh acuk anjeuna nu aya di abdi.
  bilih aya nu tiasa maca impenan abdi punten pang macakeun da padhal mah 
ayeuna teh anjeuna keur ngewa pisan sareng cua pisan ka abdi ku sabab abdi 
nyungkeun cerai.....sababna mah teu kedah dicarioskeun didieu keun weh, jeung 
deuih anjeuna alim rujuk deui jeung abdi naha bet lebet kana impenan nya?
  pertanda naon eta teh....sok ah nyungkeun dibaca ku nutiasa
  diatos......
   
  Regards
   
  Arkhi Roslia Yuvie
  
  
---------------------------------
  Looking for last minute shopping deals?   


    
---------------------------------
  Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it 
now.   

    
---------------------------------
    
Internal Virus Database is out-of-date.
Checked by AVG Free Edition. 
Version: 7.5.516 / Virus Database: 269.19.1/1220 - Release Date: 1/11/2008 6:09 
PM
 

       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Kirim email ke