Ehm..
Haturan Kang Jamar, Kang Oni oge baraya nu sanesna.
Ka Kang Jamar, wilujeng tepang. Abdi Ndoell, kawit ti Kuningan.
di Kusnet abdi janten tukang teuing, oge Kuncen anu ka 8.

Perkawis tawisan tempat kanggo ngumpul ngairung..eh ngariung, 
sateuacana abdi ngahaturkeun nuhun. 

Leres pisan anu didugikeun ku Kang Oni, yen ayeuna teh kaleresan
bade nga-agendakeun ngumpul warga Kusnet, nu dimana wae ayana.
Salah sapuluhna bade ngalalanyah soal Halal Bihalal Kusnet 2008 tea.

Cik, saha nu barade dongkap, mangga ngacung !

Kang Jamar, tiasa nuhunkeun nomer hape-na ?
tiasa di Japri we kana imel abdi.

Nuhun,

-dul-
tukangteuing


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Toni Sofian" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Haturan kang Jamar, wilujeng tepang sareng simkuring...
> nepangkeun sim kuring Pun Toni, teu janten nanaon di KUSnet sareng 
sanes
> sasaha...
> tapi hoyong ngomentaran postingan kang Jamar anu tos nawiskeun 
tempat kanggo
> KOPDAR warga KUSnet di Jakarta.
> sae pisan eta Ideu ti kang jamar teh, kuring kataji kusabab justru 
ieu teh
> nuju milarian tempat, kanggo balad baraya Jabodetabek oge Bandung 
sareng
> sabudeureunana anu hoyong ngarojong ngabantosan dina pembentukan 
Panata
> calagara Halal bi Halal KUSnet 2008 anu ka-5 (HBHKUSnet 2008), 
biasana sok
> dibumina teh Imas di Jl. Langsat-Kebayoran baru mung ayeuna mah 
teu tiasa
> jalaran teh Imas na seueur pisan kasibukanana...
> 
> Kukituna ari aya anu masihan tempat mah kanggo ririungan, kumaha 
upami
> sakalian KOPDAR sakalian rapat pembentukan pengurus/kapanata 
calagaraan
> HBH2008 , tah kumaha?
> ieu oge sugan aya nu kersa janten rengrengan Panata Calagara na, 
da'
> seuseueurna mah geningan biasa seueur ukur usul wungkul bari tara 
kersa
> damelna mah...cenah majarkeun teh Panata Calagara oge ulah- EDED 
(eta
> deui-eta deui), nya atuh sugan jeung sugan aya nu kersa damel 
sosial tanpa
> di gajih bari jeung konsekwen, hayu urang ngariung ngabadantenkeun 
masalah
> HBH KUSnet 2008 sasarengan.
> 
> Sakantenan ku abdi engke di wartoskeun ka kang Ndoell sareng Apih 
Sidik,
> kanggo waktos na mah ari tempat tos aya nu nyanggeman mah....tah 
kumaha saur
> baraya nusanesna?
> da' biasana mah sok ngerelok yeuh ari bade dijantenkeun Panata 
calagara
> mah...(termasuk abdi)hihi....
> ngan ieu mah ngajak wae kasadayana, oge sakantenan ngalajuning 
laku keun
> naon anu tos di posting ku Apih sidik sateuacana, kusabab leres, 
yen waktos
> teh parantos nyerelek, gawe kapanata calagaraan HBH KUSnet 2008 
kedah tos di
> mimitian....
> 
> Mangga Komentarna tinu sanes....diantos atuh.....haturan 
kasadayana ....
> 
> 
> -ts-
> 
> 
> On 3/4/08, Jamar Komarudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >   Kasadaya Baraya Millis Urangsunda,
> > Abdi teh aya ide kumaha urang lamun ngayakeun kukumpulan.
> > Kaleresan tempatna abdi tiasa ngusahakeun (free).
> > Persisna di :
> >                         "Darmint Cafe"
> >                         Jl. Tebet Utara I No. 8
> > Tempatna lumayan asri, tur aya galeri oge margi aya nu resep 
kana bidang
> > seni panginten cocok.
> >
> > Acarana mah iraha bae urang tangtukeun, tur kagiatanana urang 
badamikeun
> > ku sadayana.
> > Nyuhunkeun catetan sareng idena tinu lain !!1
> >
> > Hatur nuhun.
> > Jamar Komarudin ([EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED])
> >
> >
>


Kirim email ke