Nya atuh ari kitu mah ke' di polow ap ku Den Ndoell per telpon...
haturnuhun kang Jamar...!

-ts-

On 3/4/08, Jamar Komarudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Tiasa Pisan kang Toni, da Ieu tempat teh pengelolana sanes wungkul usaha
> cafe
> tapi sering oge di angge kanggo diskusi, konferensi pers, arisan keluarga,
> launching produk
> sareng nu lian-liana.
> tempatna abdi tiasa ngusahakeun gratis, tapi upami tuang sareng nginum mah
> mangga masing-masing bae. upami nu entos2 mah pengelola ngalarang mawa
> kadaharan tiluar.
> nu penting mah kang Toni kedah konfirmasi heula ameh teu bentrok kanggo
> acara nu lian
> tur pengelolana ameh siap2 oge.
> informasi tambahan cafena teh bebas alkohol alias halal sadayana
> upami aya nu bade di taroskeun mangga email bae ka abdi
> Jamar Komarudin ([EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED])
>
>
> *Toni Sofian <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Haturan kang Jamar, wilujeng tepang sareng simkuring...
> nepangkeun sim kuring Pun Toni, teu janten nanaon di KUSnet sareng sanes
> sasaha...
> tapi hoyong ngomentaran postingan kang Jamar anu tos nawiskeun tempat
> kanggo KOPDAR warga KUSnet di Jakarta.
> sae pisan eta Ideu ti kang jamar teh, kuring kataji kusabab justru ieu teh
> nuju milarian tempat, kanggo balad baraya Jabodetabek oge Bandung sareng
> sabudeureunana anu hoyong ngarojong ngabantosan dina pembentukan Panata
> calagara Halal bi Halal KUSnet 2008 anu ka-5 (HBHKUSnet 2008), biasana sok
> dibumina teh Imas di Jl. Langsat-Kebayoran baru mung ayeuna mah teu tiasa
> jalaran teh Imas na seueur pisan kasibukanana...
>
> Kukituna ari aya anu masihan tempat mah kanggo ririungan, kumaha upami
> sakalian KOPDAR sakalian rapat pembentukan pengurus/kapanata calagaraan
> HBH2008 , tah kumaha?
> ieu oge sugan aya nu kersa janten rengrengan Panata Calagara na, da'
> seuseueurna mah geningan biasa seueur ukur usul wungkul bari tara kersa
> damelna mah...cenah majarkeun teh Panata Calagara oge ulah- EDED (eta
> deui-eta deui), nya atuh sugan jeung sugan aya nu kersa damel sosial tanpa
> di gajih bari jeung konsekwen, hayu urang ngariung ngabadantenkeun masalah
> HBH KUSnet 2008 sasarengan.
>
> Sakantenan ku abdi engke di wartoskeun ka kang Ndoell sareng Apih Sidik,
> kanggo waktos na mah ari tempat tos aya nu nyanggeman mah....tah kumaha saur
> baraya nusanesna?
> da' biasana mah sok ngerelok yeuh ari bade dijantenkeun Panata calagara
> mah...(termasuk abdi)hihi....
> ngan ieu mah ngajak wae kasadayana, oge sakantenan ngalajuning laku keun
> naon anu tos di posting ku Apih sidik sateuacana, kusabab leres, yen waktos
> teh parantos nyerelek, gawe kapanata calagaraan HBH KUSnet 2008 kedah tos di
> mimitian....
>
> Mangga Komentarna tinu sanes....diantos atuh.....haturan kasadayana ....
>
>
> -ts-
>
>

Kirim email ke