wah sae tah kempelan...
   
  Mung ceuk kuring mah agenda na ulah ngan wungkul kanggo HBH.... :)

[EMAIL PROTECTED] wrote:
  Sumangga abdi asepsar insya Allah tiasa ngiringan upami waktosna pas nuju teu 
aya kasibukan mah...

Sent from my BlackBerry® wireless device

-----Original Message-----
From: "Toni Sofian" 

Date: Tue, 4 Mar 2008 14:56:15 
To:urangsunda@yahoogroups.com
Cc:"Nanang Tedja" , "salma imas" 
Subject: Re: [Urang Sunda] Rencana Ngariung Kanggo UrangSunda di Jakarta


Haturan kang Jamar, wilujeng tepang sareng simkuring...
nepangkeun sim kuring Pun Toni, teu janten nanaon di KUSnet sareng sanes 
sasaha...
tapi hoyong ngomentaran postingan kang Jamar anu tos nawiskeun tempat kanggo 
KOPDAR warga KUSnet di Jakarta.
sae pisan eta Ideu ti kang jamar teh, kuring kataji kusabab justru ieu teh nuju 
milarian tempat, kanggo balad baraya Jabodetabek oge Bandung sareng 
sabudeureunana anu hoyong ngarojong ngabantosan dina pembentukan Panata 
calagara Halal bi Halal KUSnet 2008 anu ka-5 (HBHKUSnet 2008), biasana sok 
dibumina teh Imas di Jl. Langsat-Kebayoran baru mung ayeuna mah teu tiasa 
jalaran teh Imas na seueur pisan kasibukanana...

Kukituna ari aya anu masihan tempat mah kanggo ririungan, kumaha upami sakalian 
KOPDAR sakalian rapat pembentukan pengurus/kapanata calagaraan HBH2008 , tah 
kumaha?
ieu oge sugan aya nu kersa janten rengrengan Panata Calagara na, da' 
seuseueurna mah geningan biasa seueur ukur usul wungkul bari tara kersa damelna 
mah...cenah majarkeun teh Panata Calagara oge ulah- EDED (eta deui-eta deui), 
nya atuh sugan jeung sugan aya nu kersa damel sosial tanpa di gajih bari jeung 
konsekwen, hayu urang ngariung ngabadantenkeun masalah HBH KUSnet 2008 
sasarengan.

Sakantenan ku abdi engke di wartoskeun ka kang Ndoell sareng Apih Sidik, kanggo 
waktos na mah ari tempat tos aya nu nyanggeman mah....tah kumaha saur baraya 
nusanesna?
da' biasana mah sok ngerelok yeuh ari bade dijantenkeun Panata calagara 
mah...(termasuk abdi)hihi....
ngan ieu mah ngajak wae kasadayana, oge sakantenan ngalajuning laku keun naon 
anu tos di posting ku Apih sidik sateuacana, kusabab leres, yen waktos teh 
parantos nyerelek, gawe kapanata calagaraan HBH KUSnet 2008 kedah tos di 
mimitian....

Mangga Komentarna tinu sanes....diantos atuh.....haturan kasadayana ....


-ts-



On 3/4/08, Jamar Komarudin com> wrote: 





Kasadaya Baraya Millis Urangsunda, 
Abdi teh aya ide kumaha urang lamun ngayakeun kukumpulan. 
Kaleresan tempatna abdi tiasa ngusahakeun (free). 
Persisna di : 
                        "Darmint Cafe" 
                        Jl. Tebet Utara I No. 8 
Tempatna lumayan asri, tur aya galeri oge margi aya nu resep kana bidang seni 
panginten cocok. 
  
Acarana mah iraha bae urang tangtukeun, tur kagiatanana urang badamikeun ku 
sadayana. 
Nyuhunkeun catetan sareng idena tinu lain !!1 
  
Hatur nuhun. 
Jamar Komarudin ([EMAIL PROTECTED] com, [EMAIL PROTECTED] com) 
  

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links





       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke