Ari HBH taun ieu rek aya moal yeuh???
geuningan ari ditoongan dina surelek mah jigana euweuh respon yeuh kana HBH
teh.
unggal anu posting HBH teu ditanggapi alias jempling...
ari palebah postingan anu ngajak debat, nagajak pipaseaeun meni reang euy
anu mairan. alesanna teh "tukar pikiraan", padahal loba anu ceuk uing mah
ngan saukur nunjukeun "saha aing", mun nginjeum istilah kang Oni mah
"picecekbocekeun". heuheuheu...
cik lah... sok ayeuna mulai dibuka forum "Tukar Pikiran" ngeunaan HBH. sok
geura ramekeun, apanan ayeuna teh geus bulan April, da biasana oge geus
mulai kabentuk panicia ti bulan April taun kamari oge.
Atawa meureun Baraya- Barayi geus teu butuh HBH? geus ngarasa teu penting
HBH teh? nya amun geus ngarasa teu perlu, nya teu kudu diayakeun weh, ngan
omongkeun atuh didieu, ulah jarempling wae... ngarah puguh.
sok geura guar didieu...
sok atuh lah... geura obrolkeun... apanan acara ieu teh keur urang2 keneh...
neur teu?

cag ah...

-Bohay-

Reply via email to