Ari kahayang Uing mah "EREEEEEEEEEEEEEEEEEK!!"jawaban teh...nya dukateuing
nu lain mah da' tos nyobaan diposting teh sababaraha kali malahan ieu teh
teu aya nu malir komo mairan mah masalah ieu teh, malah Apih Sidik kuanjeun
nu naroskeun masalah ieu teh....tapi sigana malah loba nu bingung ngajawab
teh, da' katinggalina enyaan resep keneh debat di Milis, bari teu katinggali
beungeut tea geningan...ari di milis mah enyaan rempeg euy Urang Sunda teh
aya kana 2500 member leuwih, komo da' nu hayang katinggali jeung kawentar
pinter tea geningan...da' enya bukti atuh yen Urang sunda mah palinter (nu
bodo mah ngan kuring wungkul sorangan ketang) he..he...
nya kahayang mah dibuktikeun oge we dikieuna atuh omongan anu sok di
gorowokeun di milis teh, yen Urang Sunda kudu ngahiji,Urang Sunda kudu
hudang , Urang Sunda ulah nepika kasilih kujunti....nya babarengan atuh bisa
ngahiji teh lamun aya realisasina di Darat, lamun ngansaukur pahaok2 di
milis mah eta mah ngan ukur 'TEORI' wungkul....nya teu direalisasikeun mah
angger we eta elmu teh euweuh nanaonan, ayeuna naon hasil /realisasi tina
obrolan dina milis ieu nu kontek na jang ngamajukeun Urang Sunda teh? nu ka
inget ku kuring mah ngan gawena YP = Yayasan Perceka jeung sok ngayakeun
pajemuhan2 kasundaan (bari jeung eta oge arang  langka, malah pamilonna teh
EDED alias Eta Deui Eta Deui)
ari kitu keneh mah tetep we ceuk uing mah OMDO, komo bari jeung enyaan mah
teu Wani datang ka HBH na teh...

Nya sok tah ayeuna jalana ku ngiluah mikiran jeung ngahadiran Halal Bi Halal
KUSnet tea,gera sok..dimimitian ku Nawaetu hayang nanjeurkeun Kasundaan
mah...gera sok, dimimitian ku Silaturahmi heula, wawuh heula sapapada Urang
sunda, Apal heula ka Urang Sunda sorangan, InsyaAlloh bakal langkung geugeut
tali babarayaanna, bakal leuwih gampang kaityuna dina nangtukeun lengkah
urang Sunda kahareupna lamun geus pada wawuh, jeung wanoh mah papada urang
jeung urang...

Euh punten jadi kapancing euy ku si Bohay ah, masalah kapanitiaan enyaan ti
ayaeuna keneh geus kudu kabentuk sabenerna mah, jeung panitia anu kamari oge
can dibubarkeun yeuh...nya sakalian uarng ayakeun pembubaran jeung
pembentukan panitia anyar jang Kapanataclagraan HBH KUSnet taun 2008 ieu....

Sok derrrrrrrrrrrrrrrr atuh lah, sakalian nyuhunkeun petunjuk oge kanu
palinter tea, keun wae teu level oge atuh justru masalah anu ringan kieu
yeuh anu kudu dimimitian mah gera sok....

Geus heula ah, sakitu heula, eta mah itung2 curhat we uing uing mah....loba
keneh tapi curhateun teh masalah HBH teh tapi waktuna dibeberik Jepun yeuh
hihi....
neda agung cukup lumur hapunten bilih seueur lepatna...!!

Wassalam,

-ts-




On Mon, Apr 7, 2008 at 9:42 AM, Reka Bohay <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Ari HBH taun ieu rek aya moal yeuh???
> geuningan ari ditoongan dina surelek mah jigana euweuh respon yeuh kana
> HBH teh.
> unggal anu posting HBH teu ditanggapi alias jempling...
> ari palebah postingan anu ngajak debat, nagajak pipaseaeun meni reang euy
> anu mairan. alesanna teh "tukar pikiraan", padahal loba anu ceuk uing mah
> ngan saukur nunjukeun "saha aing", mun nginjeum istilah kang Oni mah
> "picecekbocekeun". heuheuheu...
> cik lah... sok ayeuna mulai dibuka forum "Tukar Pikiran" ngeunaan HBH. sok
> geura ramekeun, apanan ayeuna teh geus bulan April, da biasana oge geus
> mulai kabentuk panicia ti bulan April taun kamari oge.
> Atawa meureun Baraya- Barayi geus teu butuh HBH? geus ngarasa teu penting
> HBH teh? nya amun geus ngarasa teu perlu, nya teu kudu diayakeun weh, ngan
> omongkeun atuh didieu, ulah jarempling wae... ngarah puguh.
> sok geura guar didieu...
> sok atuh lah... geura obrolkeun... apanan acara ieu teh keur urang2
> keneh... neur teu?
>
> cag ah...
>
> -Bohay-
>  
>



-- 
Toni Sofian
========
Budak bageur!!!

Reply via email to