Daftarna mah biasana ka Panicia kang...
eeehh,,, keheula ketang kang, da can aya paniciana oge...
heuheuheu...

-Bohay-

2008/4/7, Alfath WIN <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>    hoyong ngiringan janten peserta . dimana daptarna?
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Toni Sofian <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
> *Cc:* [EMAIL PROTECTED]
> *Sent:* Monday, April 07, 2008 10:47 AM
> *Subject:* [gankleboy] Re: [Urang Sunda] haroyong aya HBH teu?
>
>  Ari kahayang Uing mah "EREEEEEEEEEEEEEEEEEK!!"jawaban teh...nya
> dukateuing nu lain mah da' tos nyobaan diposting teh sababaraha kali malahan
> ieu teh teu aya nu malir komo mairan mah masalah ieu teh, malah Apih Sidik
> kuanjeun nu naroskeun masalah ieu teh....tapi sigana malah loba nu bingung
> ngajawab teh, da' katinggalina enyaan resep keneh debat di Milis, bari teu
> katinggali beungeut tea geningan...ari di milis mah enyaan rempeg euy Urang
> Sunda teh aya kana 2500 member leuwih, komo da' nu hayang katinggali jeung
> kawentar pinter tea geningan...da' enya bukti atuh yen Urang sunda mah
> palinter (nu bodo mah ngan kuring wungkul sorangan ketang) he..he...
> nya kahayang mah dibuktikeun oge we dikieuna atuh omongan anu sok di
> gorowokeun di milis teh, yen Urang Sunda kudu ngahiji,Urang Sunda kudu
> hudang , Urang Sunda ulah nepika kasilih kujunti....nya babarengan atuh bisa
> ngahiji teh lamun aya realisasina di Darat, lamun ngansaukur pahaok2 di
> milis mah eta mah ngan ukur 'TEORI' wungkul....nya teu direalisasikeun mah
> angger we eta elmu teh euweuh nanaonan, ayeuna naon hasil /realisasi tina
> obrolan dina milis ieu nu kontek na jang ngamajukeun Urang Sunda teh? nu ka
> inget ku kuring mah ngan gawena YP = Yayasan Perceka jeung sok ngayakeun
> pajemuhan2 kasundaan (bari jeung eta oge arang  langka, malah pamilonna teh
> EDED alias Eta Deui Eta Deui)
> ari kitu keneh mah tetep we ceuk uing mah OMDO, komo bari jeung enyaan mah
> teu Wani datang ka HBH na teh...
>
> Nya sok tah ayeuna jalana ku ngiluah mikiran jeung ngahadiran Halal Bi
> Halal KUSnet tea,gera sok..dimimitian ku Nawaetu hayang nanjeurkeun
> Kasundaan mah...gera sok, dimimitian ku Silaturahmi heula, wawuh heula
> sapapada Urang sunda, Apal heula ka Urang Sunda sorangan, InsyaAlloh bakal
> langkung geugeut tali babarayaanna, bakal leuwih gampang kaityuna dina
> nangtukeun lengkah urang Sunda kahareupna lamun geus pada wawuh, jeung wanoh
> mah papada urang jeung urang...
>
> Euh punten jadi kapancing euy ku si Bohay ah, masalah kapanitiaan enyaan
> ti ayaeuna keneh geus kudu kabentuk sabenerna mah, jeung panitia anu kamari
> oge can dibubarkeun yeuh...nya sakalian uarng ayakeun pembubaran jeung
> pembentukan panitia anyar jang Kapanataclagraan HBH KUSnet taun 2008 ieu....
>
> Sok derrrrrrrrrrrrrrrr atuh lah, sakalian nyuhunkeun petunjuk oge kanu
> palinter tea, keun wae teu level oge atuh justru masalah anu ringan kieu
> yeuh anu kudu dimimitian mah gera sok....
>
> Geus heula ah, sakitu heula, eta mah itung2 curhat we uing uing
> mah....loba keneh tapi curhateun teh masalah HBH teh tapi waktuna dibeberik
> Jepun yeuh hihi....
> neda agung cukup lumur hapunten bilih seueur lepatna...!!
>
> Wassalam,
>
> -ts-
>
>
>
>
> On Mon, Apr 7, 2008 at 9:42 AM, Reka Bohay <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >   Ari HBH taun ieu rek aya moal yeuh???
> > geuningan ari ditoongan dina surelek mah jigana euweuh respon yeuh kana
> > HBH teh.
> > unggal anu posting HBH teu ditanggapi alias jempling...
> > ari palebah postingan anu ngajak debat, nagajak pipaseaeun meni reang
> > euy anu mairan. alesanna teh "tukar pikiraan", padahal loba anu ceuk uing
> > mah ngan saukur nunjukeun "saha aing", mun nginjeum istilah kang Oni mah
> > "picecekbocekeun". heuheuheu...
> > cik lah... sok ayeuna mulai dibuka forum "Tukar Pikiran" ngeunaan HBH.
> > sok geura ramekeun, apanan ayeuna teh geus bulan April, da biasana oge geus
> > mulai kabentuk panicia ti bulan April taun kamari oge.
> > Atawa meureun Baraya- Barayi geus teu butuh HBH? geus ngarasa teu
> > penting HBH teh? nya amun geus ngarasa teu perlu, nya teu kudu diayakeun
> > weh, ngan omongkeun atuh didieu, ulah jarempling wae... ngarah puguh.
> > sok geura guar didieu...
> > sok atuh lah... geura obrolkeun... apanan acara ieu teh keur urang2
> > keneh... neur teu?
> >
> > cag ah...
> >
> > -Bohay-
> >
>
>
>
> --
> Toni Sofian
> ========
> Budak bageur!!!
>
>  
>

Reply via email to