Ari kitu mah, asumsi kang Dadi sadaya jin teh jahat jeung kafir kitu? Kumaha 
mun urang gaul jeung menta tulung ka jin muslim? Marabanana teu kedah ku 
ngajual akidah, teu kedah susuguh atawa sasajen tapi ku rajin ibadah ka Alloh 
jeung nebihan ma'siat. Jin muslim jadi resep ngagembrong ka urang, teu menta 
tulung ge ditulungan, teu menta dibantuan ge pasti dibantuan. "Kamampuan" siga 
David Coverfield, ge tiasa jeung biasa, teu aneh mungguhing kaKawasaan Gusti 
Alloh mah. 

AD


----- Original Message ----
From: Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Monday, April 21, 2008 14:14:26
Subject: RE: Bls: [Urang Sunda] ras clok

Sagala kamungkinan bisa, sabab elmu pangeran mah teu aya watesna. Nu aya 
watesan mah pamanggih jeung kanyaho urang.
Satuju...memang kudu kitu kayakinan mah.
Perkara ingu2an mahluk nu katingali, jeung ngingu mahluk nu teu katingali 
(saperti jin), beda kang!
Ngingu sato mah parabna cukup ku parab biasa nu bisa didahar.
Ari ngingu Jin naon parabna? parab na teh aqidah urang!
Geuning waktu akad rek ngingu na ge aya syarat sagala (cenah), misalkeun tiap 
malem jumat kliwon kedah nyuguh, tiap mulud kedah aya wadal jeung sajabana. 
Tug cenah sababaraha Jin mah, teu meunang sholat jeung nyebut asma Allah. 
(contona nu munjung).
Perkara ayana makhluk ghaib, memang kedah percaya.
Akang, pernah nonton pertunjukan david coverfield? eta contona elmu ras jleg, 
(jadi lain nu iman na kuat nu boga ajian ras jleg) tapi jelema nu muntang ka 
jin sabenerna mah. 
Waktu pertunjukan, David bisa datang ka hiji pulau nu dikamera secara online. 
David bisa asup na TV secara online di tempat nu jauh kacida.
Wallahu alam....
 
 


mj <[EMAIL PROTECTED] ac.id> wrote:
Minta pitulung teh tangtu aya tingkatanana kang. Aya nu sipatna praktis, aya nu 
sipatna semi praktis, jeung nu filosofis atawa beh luhurna, tauhid. 
siga si kuring unggal poe minta tulung ka supir angkot nganteurkeun ka 
pangulinan. Sigana kitu oge manusa ka jin. Lain dina konteks nyembah, berhala, 
nu kitu nu musrik. 
Ngingu jin mah meureun dina harti ngingu mah nya siga urang boga ingu-inguan, 
manuk, ucing,jsb. Teu lumpat ka musrik. Meureun.
Sadaya oge ngan ukur meureun, cek beja, cek buku. Prinsip si kuring mah, 
elmuning pangeran mah teu aya watesan. Sagala kamungkinan bisa, sabab elmu 
pangeran mah teu aya watesna. Nu aya watesan mah pamanggih jeung kanyaho urang.
 





Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
 

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Reply via email to