lamun kaci noong ka tatangga, aya nu bisa ditoong gerakan jiga kitu
teh, ngaranna MARA (Majelis Amanah Rakyat). ieu sakadang MARA salah
sahiji tugasna nyadiakeun beasiswa keur nu hayang sakola. kiwari
hasilna salian ti mayeng jadi salah sahiji lembaga donatur beasiswa,
tapi oge geus ngabogaan jaringan sakola tingkat sakola menengah nepi
ka paguron luhur nu perentul di tiap propinsi (negeri). ceuk uing mah
di urang ge bisa wae nyieun lembaga jiga kitu, upama nu ngurusna bener
mah.

salam,
mh

On Wed, Aug 6, 2008 at 12:03 PM, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> dina Mangle minggu kamari, jejer utamana, soal Dana Abadi Kasundaan (DAK).
> nu dipake conto teh yayasan Supersemar, da nu jadi narasumberna kang
> Eddy..., ketua Ikatan alumni penerima beasiswa supersemar.
>
> eta sakadang yayasan nu ki ato teh gaduh dana abdi ampir satrilyun
> (persisna poho deui, 900milyar leuwih). nu dipake pikeun beasiswa tina
> bungana wungkul. dina jejer DAK eta kang Ganjar Kurnia masihan conto oge,
> mun bisa ngumpulkeun duit 5 milyar ge cenah, bungana 35 juta, bisa tah
> dipake pikeun ngadanaan sarupaning kasundaan. kudu aya fundraising
> meureun.
>
> make conto deui GEBU, gerakan sarebu rupiah urang minang. maranehna mah
> cenah geus bisa ngumpulkeun dana abdi kitu. ku saurang sapuluh rebu perak,
> sajuta urang, sapuluh milyar. itunganana mah gampang nya, tapi hese
> ngamimitan ngalaksanakeunana.
>
> aya ideu kang MGT (maman gantra) baheula, ngayakeun dana abadi sunda, tapi
> teu prak. hesena duka ti beulah manana.
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
> http://mangjamal.multiply.com
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Reply via email to