mang di jawa barat (bisa teu nya dibaca di pasundan?) ge baheula asa geus
kungsi aya nu ngaranna rereongan sarupi. ngan geuning ayeuna mah geus ngiles
teuing kamana nya?

baheula di bogor pernah oge aya nu niat keur nyieun sasak ngahubungkeun
wadah-wadah kasundaan nu aya di jawa barat. ngan deui-deui kiwari beritana
geus teu ngajiwir ceuli deui. padahal lamun organisasi-organisasi kasundaan
nu loba eta bisa dibeungkeut sahenteuna dina tataran koordinasina leuwih
gampang jigana keur ngarealisasikeun DAK wae mah...

jigana mitos kahumaan masih keneh narapel kitu?

On Wed, Aug 6, 2008 at 11:03 AM, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>
> dina Mangle minggu kamari, jejer utamana, soal Dana Abadi Kasundaan (DAK).
> nu dipake conto teh yayasan Supersemar, da nu jadi narasumberna kang
> Eddy..., ketua Ikatan alumni penerima beasiswa supersemar.
>
> eta sakadang yayasan nu ki ato teh gaduh dana abdi ampir satrilyun
> (persisna poho deui, 900milyar leuwih). nu dipake pikeun beasiswa tina
> bungana wungkul. dina jejer DAK eta kang Ganjar Kurnia masihan conto oge,
> mun bisa ngumpulkeun duit 5 milyar ge cenah, bungana 35 juta, bisa tah
> dipake pikeun ngadanaan sarupaning kasundaan. kudu aya fundraising
> meureun.
>
> make conto deui GEBU, gerakan sarebu rupiah urang minang. maranehna mah
> cenah geus bisa ngumpulkeun dana abdi kitu. ku saurang sapuluh rebu perak,
> sajuta urang, sapuluh milyar. itunganana mah gampang nya, tapi hese
> ngamimitan ngalaksanakeunana.
>
> aya ideu kang MGT (maman gantra) baheula, ngayakeun dana abadi sunda, tapi
> teu prak. hesena duka ti beulah manana.
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
> http://mangjamal.multiply.com
>
>  ____
>



-- 
d-: dudi herlianto :-b
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

Reply via email to