Lamun ngeunteung ka gan Otista, sakumaha dina buku "Otista, The Untold
Stories" (disundakeun ku kang Ganjar dina panganteurna: "Otista jeung
carita-carita anu teu kungsi kalisankeun"), ngagarap sarupa DAK teh
bisa pisan. Harita, dina kamapimpinan Otista, PS teh maju pisan,
utamana dina widang sosial, budaya (atikan) jeung ekonomi
karakyatanana. PS salaku organisasi lokal anu mibanda sumanget
nasional (dina istilah anu nulis buku: nasionalisme anu ngakar),
ngabogaan sababaraha koperasi jeung bank. Sigana kudu aya anu
ngaluluguan kalawan daria.

Kang MGT muhun, ti payun kungsi nyigeug isu ieu oge kang Tirta, malah
kamari-kamari pisan kungsi madungdengkeun hal ieu. Iraha atuh
lajuninglakuna? diantos.

manAR

On Wed, Aug 6, 2008 at 1:59 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> lamun kaci noong ka tatangga, aya nu bisa ditoong gerakan jiga kitu
> teh, ngaranna MARA (Majelis Amanah Rakyat). ieu sakadang MARA salah
> sahiji tugasna nyadiakeun beasiswa keur nu hayang sakola. kiwari
> hasilna salian ti mayeng jadi salah sahiji lembaga donatur beasiswa,
> tapi oge geus ngabogaan jaringan sakola tingkat sakola menengah nepi
> ka paguron luhur nu perentul di tiap propinsi (negeri). ceuk uing mah
> di urang ge bisa wae nyieun lembaga jiga kitu, upama nu ngurusna bener
> mah.
>
> salam,
> mh
>
> On Wed, Aug 6, 2008 at 12:03 PM, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> dina Mangle minggu kamari, jejer utamana, soal Dana Abadi Kasundaan (DAK).
>> nu dipake conto teh yayasan Supersemar, da nu jadi narasumberna kang
>> Eddy..., ketua Ikatan alumni penerima beasiswa supersemar.
>>
>> eta sakadang yayasan nu ki ato teh gaduh dana abdi ampir satrilyun
>> (persisna poho deui, 900milyar leuwih). nu dipake pikeun beasiswa tina
>> bungana wungkul. dina jejer DAK eta kang Ganjar Kurnia masihan conto oge,
>> mun bisa ngumpulkeun duit 5 milyar ge cenah, bungana 35 juta, bisa tah
>> dipake pikeun ngadanaan sarupaning kasundaan. kudu aya fundraising
>> meureun.
>>
>> make conto deui GEBU, gerakan sarebu rupiah urang minang. maranehna mah
>> cenah geus bisa ngumpulkeun dana abdi kitu. ku saurang sapuluh rebu perak,
>> sajuta urang, sapuluh milyar. itunganana mah gampang nya, tapi hese
>> ngamimitan ngalaksanakeunana.
>>
>> aya ideu kang MGT (maman gantra) baheula, ngayakeun dana abadi sunda, tapi
>> teu prak. hesena duka ti beulah manana.
>>
>> mj
>>
>> http://geocities.com/mangjamal
>> http://mangjamal.multiply.com
>>
>>
>>
>>
>> ------------------------------------
>>
>> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>
> 

Reply via email to