Nya muhun, dina basa Arab mah teu aya kecap panganteur.
Rada nyaruakeun soteh (dina postingan kuring ti heula disebutna
"sawanda") dina harti boh kecap panganteur dina basa Sunda atawa
"haraf" dina basa Arab (anu disebut haraf teh nyaeta: "bi", "ila",
"fi", "qod", "lil", "'ala", "tsumma", jst) dina harti atawa dina
maksud yen duanana (boh kecap panganteur atawa haraf) moal boga harti
lamun berdiri sendiri atawa lamun teu dikantenkeun jeung kecap anu
dianteurkeunana (dina basa Sunda) atawa kecap anu dihubungkeun ku eta
haraf (lamun dina basa Arab.
Nyelang heula kana papagon dasar dina basa Arab. Yen ceuk elmu nahwu
(elmu gramatikana basa Arab), kalimah dina basa Arab dasarna ngan ukur
diwangun ku 3 kelompok kecap. Anu tilu teh nyaeta: 1. kecap barang
(kata benda atawa isim atawa noun), 2. kecap gawe (kata kerja atawa
fi'il atawa verb), jeung 3. haraf. Kecap barang contona: kitabun atawa
Al kitab (buku, buku tea). Conto kecap gawe "fa'ala" (geus digawean)
atawa "yaf'alu" (keur digawean). Anapon haraf, nyaeta tadi, per
definisi, nyaeta kecap-kecap anu teu mibanda harti lamun berdiri
sendiri, saperti: : "bi", "ila", "fi", "qod", "lil", "'ala", "tsumma",
jst).
Jadi, kecap "ruy-rey" atawa "reup" atawa "ray " (lamun dina basa
Sunda) atawa "bi", "fi" atawa "ila" moal ngabogaan harti. Kecap "reup"
boga soteh harti lamun dikantetkeun jeung "geuneuk" jadi "reup
geuneuk". Pon kitu keneh, upamana, "bi" (dina basa Arab) boga soteh
harti (nyaeta "kalawan" atawa "in the") dumeh dikantetkeun jeung kecap
"ismi" jst. Sakumaha kecap "ruy-rey" boga harti lamun dikantetkeun
jeung kecap anu dianteurkeunana, upamana : "ruy-rey rarasaan" jst.
Jadi, memang kecap panganteur teu sarua jeung kelompok kecap haraf
dina basa Arab ("bi", "ila", "fi", jst). Tapi, aya kasaruanana atawa
rada sawanda dina lebah teu ngabogaan harti lamun berdiri sendiri.
Aya catetan saeutik:
"ila" dina basa Arab bisa hartina (dina basa Inggris) "but". Ila nu
kitu ditulisna "illa" (tasydid atawa "l" rangkep). Aya oge "ila" anu
hartina "nepi", "eukeur" atawa "pikeun" atawa "bogana"
, jst. Ila nu kieu ditulisna "ilaa" ("la"-na panjang dua harkat).
"fi" mah leuwih pas lamun dihartikeun "in" (basa Inggris) atawa "di
jero". Ari "for" (basa Inggris) leuwih pas (basa Arabna) "ila" atawa
"li"
Sami, paralun abdi oge.
manAR
On Wed, Sep 10, 2008 at 6:22 PM, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Punten, susu ganan deu ieu ge
>
> 'bi' dina basa arab, cara dina bismillah, rada sawanda ka basa Inggris, 'in
> the', jadi in the name of Allah- Atas nami Allah.
>
> 'ila', sigana nyurup ka but, dina harti except, kecuali. Siga dina kecap
> ila biidnih, ilaihi rojiun
>
> 'fi' asana nyurup ka for atawa in, cara dina kecap fi samawati wal ardhi
>
> Sanaos seueur deui maksud eta kecap, nu jelas asana,
>
> Basa arab nu dina qur'an asana teu aya model basa panganteur.
>
>
>
> Paralun, paroho deui J
>
> Mj
>
>
>
>
>
> Posted by: "oman abdurahman" [EMAIL PROTECTED]
>
> Tue Sep 9, 2008 9:26 pm (PDT)
>
> kecap-kecap saperti "ruy-rey" dina "ruy-rey rarasaan" , "reup" jeung
> "ray" dina kalimah "reup geuneuk, ray pias" eta namina kecap
> panganteur. Kecap panganteur lamun dina basa Arab mah sawanda sareng
> kecap "harap" (bi, ila, fi), anu moal atawa henteu ngabogaan harti
> lamun ayana/ngadegna sosorangan alias henteu dikantetkeun jeung kecap
> anu dianteurna.
>
>
>
>