Lamun aya urang sunda anu teu bisa  nyebut "f" dianggap "pitnah", kahatur 
pangalaman sobat sim kuring anu ngawulang di upi (kade ulah dibaca ufi) anu 
ngagambarkeun kumaha pabeulitna urang sunda dina ngalapalkeun "p, f jeung v". 
Hiji waktu ki sobat mere kuliah poe saptu. Diantarana loba mahasiswa 
anu agamana "advent". Maranehna usul sangkan kuliah dipindahkeun ka poe sejen. 
Pa dosen satuju, akhirna kuliah dilaksanakeun poe rebo. Dina derna kuliah, aya 
saurang mahasiswa anu elekesekeng, luak-lieuk wae. Rengse kuliah sang mahasiswa 
nanya ka ki dosen. "saurna anu advent kuliahna ngalih ka dinten rebo, tapi naha 
teu aya babaturan sajurusan abdi saurang-urang acan". Si dosen malik 
nanya:"memangna saderek ti jurusan naon kitu?".  Bari teu riuk-riuk, si 
mahasiswa ngajawab : "abdi ti jurusan administrasi fendidikan 
....................." 


      

Kirim email ke