Failit tah mahasiswa teh...patal....loba... fariasi....
On 12/23/08, Ganjar Kurnia <[email protected]> wrote: > > Lamun aya urang sunda anu teu bisa nyebut "f" dianggap "pitnah", > kahatur pangalaman sobat sim kuring anu ngawulang di upi (kade ulah dibaca > ufi) anu ngagambarkeun kumaha pabeulitna urang sunda dina ngalapalkeun "p, f > jeung v". Hiji waktu ki sobat mere kuliah poe saptu. Diantarana > loba mahasiswa anu agamana "advent". Maranehna usul sangkan kuliah > dipindahkeun ka poe sejen. Pa dosen satuju, akhirna kuliah dilaksanakeun poe > rebo. Dina derna kuliah, aya saurang mahasiswa anu elekesekeng, luak-lieuk > wae. Rengse kuliah sang mahasiswa nanya ka ki dosen. "saurna anu advent > kuliahna ngalih ka dinten rebo, tapi naha teu aya babaturan sajurusan abdi > saurang-urang acan". Si dosen malik nanya:"memangna saderek ti jurusan naon > kitu?". Bari teu riuk-riuk, si mahasiswa ngajawab : "abdi ti jurusan > administrasi fendidikan ....................." > > >

