Bawirasa simkuring urang teu kudu era dina soal teu pas dina ngucapkeun V jeung 
F, salila dilarapkeun dina ngomong sunda atawa basa Indonesia, naha nu ngadenge 
bakal salah harti kitu mun urang ngucapkeun :
- tivi ku tipi
- fanta ku panta
- vespa ku pespa.
tah lamun ngomong dina basa inggris wayahna diusahakeun kudu luyu jeung aslina, 
sabab nu diajak ngomong bisa salah harti (sok sanajan kanyataannana), unggal 
bangsa ge teu bisa leupas tina letah aslina, sok geura mun urang ngadengekeun 
urang India atawa urang Jepang atawa urang Pilipina (teu kudu make F), basa 
inggrisna ge rada aneh, teu luyu jeung aturanana, tapi PD bae.
 
Naha ari urang bet jiga kaduruk janggot, buktina dina aksara asli Sunda 
KA-GA-NGA nu jelas-jelas luyu jeung letah asli urang Sunda......ku henteu 
percaya dirina, hayoh make ditambahan ku FA, SHA........jsb, mani katara pisan 
teu percaya diri jeung era make nu soranganna teh.  Sok ah urang Sunda 
ulah sagala teu PD, atuh iraha majuna lamun sagala teh ngan nuturkeun 
pangabutuh batur....prung ah sunda manggung...
 
tabe nun.
Engkus  

--- Pada Sel, 23/12/08, arif ramdlan <[email protected]> menulis:

Dari: arif ramdlan <[email protected]>
Topik: Re: [Urang Sunda] p, F jeung V
Kepada: [email protected]
Tanggal: Selasa, 23 Desember, 2008, 3:51 PM










urang baheula diseungseurikan basa ngomong "pe".
kakara nyaho, lamun urang sunda teu bisa ngabedakan p,f,v 
pas aya dilembur batur.
siga urang jawa, nyebut 'ain'.. pasti we "robil ngalamin"

--- On Tue, 12/23/08, Kang Iman <firman.raharja@ urang-sunda. or.id> wrote:

From: Kang Iman <firman.raharja@ urang-sunda. or.id>
Subject: Re: [Urang Sunda] p, F jeung V
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Date: Tuesday, December 23, 2008, 12:39 AM




Ceuk saaahaaaa ???? ... da kuring ge bisa ngabedakeun ...


Lamun Panta mah make ep
Lamun peuyeum make pe 
lamun Pespa mah make pi


tuh ..... pan beda ...



On Tue, Dec 23, 2008 at 3:18 PM, Reka Bohay <rekabo...@gmail. com> wrote:






Ceuk urang sunda mah, sacara umum hurup "P" teh aya tilu macem.
P keur Panta
P keur Peuyeum, jeung 
P keur POC. hehehehe...

-Bohay-


2008/12/23 Ganjar Kurnia <ganj...@yahoo. fr>









Lamun aya urang sunda anu teu bisa  nyebut "f" dianggap "pitnah", kahatur 
pangalaman sobat sim kuring anu ngawulang di upi (kade ulah dibaca ufi) anu 
ngagambarkeun kumaha pabeulitna urang sunda dina ngalapalkeun "p, f jeung v". 
Hiji waktu ki sobat mere kuliah poe saptu. Diantarana loba mahasiswa 
anu agamana "advent". Maranehna usul sangkan kuliah dipindahkeun ka poe sejen. 
Pa dosen satuju, akhirna kuliah dilaksanakeun poe rebo. Dina derna kuliah, aya 
saurang mahasiswa anu elekesekeng, luak-lieuk wae. Rengse kuliah sang mahasiswa 
nanya ka ki dosen. "saurna anu advent kuliahna ngalih ka dinten rebo, tapi naha 
teu aya babaturan sajurusan abdi saurang-urang acan". Si dosen malik 
nanya:"memangna saderek ti jurusan naon kitu?".  Bari teu riuk-riuk, si 
mahasiswa ngajawab : "abdi ti jurusan administrasi fendidikan ............ 
........." 




 














      Mulai chatting dengan teman di Yahoo! Pingbox baru sekarang!! Membuat 
tempat chat pribadi di blog Anda sekarang sangatlah mudah. 
http://id.messenger.yahoo.com/pingbox/

Kirim email ke