Basa Bah Osa (Roza Rahmadjasa Mintaredja) nyebut-nyebut gaduh naskah pantun Bogor, kuring panasaran. Naon sih bedana jeung pantun-pantun sejenna. Nya ngumaha ka anjeunna dipangfotocopikeun. Ngan hanjakal waktu kuring nyokot fotokopianana, Bah Osa nuju teu aya. Tepi ka ayeuna sanajan nganjrek sakota jeung Bah Osa acan papendak bungkeuleukanana jeung anjeunna...hahaha. Naskah pantun nu difotocopy teh aya tilu judul. Nu kahiji geus dimedalkeun ku penerbit di Bogor taun 1964 judulna teh DADAP MALANG SISI CIMANDIRI. Hanjakal coverna teu ka fotocopy, jadi teu terang aran penerbitna.
Sedengkeun nu sejenna: NGAHYANGNA PAJAJARAN jeung PAKU JAJAR BEUKAH KEMBANG mangrupakeun salinan, diketik. Malah PAKU JAJAR mah diketik ku mesin ketik jaman baheula, ari NGAHYANGNA PAJAJARAN mah sigana diketik make mesin ketik IBM atawa printer komputer type IBM. "NGAHYANGNA PAJAJARAN" oge katingalina diketik make word processor, sabab loba kecap "TEH" jadi "THE". Tilu naskah ieu, make ejaan lila ....saperti TJeurik eukeur Ceurik. Naon cenah istemewana Pantun Bogor? Ceuk dina buku DADAP MALANG, Saleh Danasasmita ngaguar pantun bogor di taun 1963, nya ku pokalna lalakon Dadap Malang dicitak dijieun buku jeung dimedalkeun. Dihandap ieu Pangjajapna ("Kata pengantar") tina buku Naskah "DADAP MALANG SISI CIMANDIRI: PANGJAJAP Ieu carita pantun DADAP MALANG SISI CIMANDIRI diturunkeun ka AKI BAJURAMBENG dina taun 1908. Meh sawidak taun sasat dielep henteu sina muncul milu nenggak dina talaga sastra Sunda. Naskah aslina (catetan tina carita Aki Bajurambeng) geus pareang baloleas. Hese dibacana sanajan aksara laten jeung sasat teu puguh tanda bacaanana. Malum nu nulisna kudu nuturkeun juru pantun nu nyarita. Dina basana pikeun jaman Parahiangan mah memang kaasup basa rayat anu TEU NYAHOEUN UNDAK UNDUK BASA. Aya babasan, cenah: "Pantun cacah dengekeuneun cacah. Cacah nyaritakeun rajana jeung dicaritakeunana ku cacah ka cacah deui!" Anu pasti, ieu pantun henteu laku di kalangan para santana (menak?) lantaran jaba ti basana "lain dengekeuneun menak" teh, urang Kabupaten jeung pamilina teu pati raresepeun kana carita pantun. Pantun memang leuwih nerekab di kalangan somah. Pikeun bandingan, bandingkeuneun jeung carita-carita pantun ka Priangankeun. Ieu pantun Bogor teh boga ajen anu mandiri anu bisa dipake bahan. Diantarana bae: Munculna ti wewengkon PASISIAN BOGOR anu sasat bebas tina peodalisasi basa ala Mataram. Juru pantunna tetela HENTEU NGAGEM AGAMA ISLAM jeung wawuheun keneh kana adeg2 agama jaman baheula, lantaran jiwana ngancik didinya. Beunghar ku bahan-bahan anu laman ditapakeun kana kaayaaan jamanna (jaman Pajajaran) ngandung prosentase kakunaan anu leuwih rea. Ieu carita mangrupa hiji aweuhan kiwa Pajajaran baheula anu silem kapupus sajarah. Eusina ngalimpudan baheula jeung kiwari katut jaman nu bakal kasorang. Karancagean di hate urang kacida perluna dina neuleuman ieu carita. Jajaran2 anu sakapeung mah rineka sajak, disusun nyimpenna kalawan didasarkeun kana catetan anu aya, kana dialek URANG RUMPIN, kana maksud kalimahna bari dilengkepan ku katerangan2 ti anu kungsi nyaksian jeung milu nuliskeun pantunna dina taun 1908. Lantaran logatna katara beda jeung logat Priangankeun, dina perluna eureun, kapaksa kecap2 atawa kalimah teh dipisahkeun jajaranna. Nyanggakeun, mugi tiasa jadi bahan eudan kana carita pantun anu aya. Bogor, 1964