Amung Kitu Ngaing mudu menta bantu Ka Raja Wetan jeung ka Raja Sultan di Cirebon! Kai Cakra! Dia nu bisa ngapak mega, geura bawa ieu surat ka Raja Demak!
Kocapkeun bae Kai Cakra anggeus miang Heunteu kacaturkeun di jalanna Ngan kacaturkeun inyana geus balik deui ka Banten! Mawa surat surat ti Raja Demak Surat ti Raja Cirebon Ngabejakeun pada eudeuk ngaririm balad! Urang kocapkeun deui bae, Balad balad urang wetan mani ngabrul dikolotan ku: Embah Pringpitu, Seh Mahmud, Embah Rekso, Seh Mustakim, Embah Joyo jeung Mas Kromo alias Ngapdulirakman! Tunda heula keun sina ting alabrul ka Pajajaran! Urang kocapkeun ayeuna dayeuh Pajajaran! Ngeungkeung sora bende! Bende, batur, bende! Aya naeun, Aya naeun? Aya naeun, nyah? Dihandapeun gintung nu tujuh, Si Lengser keur nagog sabari edeg! Ret inyana ka kenca, ret ka katuhu, ret ka luhur .... gurubug inyana lumpat, bari leungeunna acung-acungan: "Ampun Gusti, ampun!" Ceuk raja urang: "Kumaha Lengser? Ku naha dia ampun-ampunan?" Ceuk si Lengser sabari tanggah: Deuleu! Deuleu ituh! Matapoe dikalang lima! Raja tanggah! Patih Tanggah! Juragan Demang tanggah! Juragan Cutak tanggah! Saeusi karaton tanggah! Ngan Jaro hanteu tanggah, da inyana mah anggeus bongkok mani bengkung! Nu sejenna mah pada taranggah Kabeh pada tanggah Sadayeuh pada taranggah! Neuleukeun matapoe dikalang lima! Mimiti kalang matapoe, laju kalang beureum, laju kalang bodas, laju kalang biru, laju kalang hejo, pangluarna kalang bodas! Ceuk Raja: Lengser! Tetela! Eta kila-kila hanteu hade! urang mudu ngeli! tapi Jigana moal aya waktu pikeun bebenah! Hayoh! Bawaan banda ngaing kadieu! urang sumputkeun! Di jero leuwi Sipatahunan! Laju si Lengser bebenah, bebenah, bebenah Ngawadahan! Ngawadahan sakur anu dibenahan Datang heunteu kaitung lobana wadah, loba keneh nu can kawadahan, beak pikeun ngawadahanana Ti dinya, durugdug si Lengser mudun, bari manggul bari nanggung, bari mikul bari nyuhun, bari ngelek bari ngegel, ngagusur sabari nyurung, nyenyered sabari lumpat, salumpat laju ngarenghap, kadua laju ngarenghap, da mawa disakalikeun, lobana salawe gardueun, awahing ku loba-lobana nu dibawa Si Lengserna hanteu kadeuleu. Anu kadeuleu ugag-igeug, nyurungkuy bari tutubruk, cara gunung nu keur pindah ngan unggulan paunggul-unggul, tetenong jeung kaneron, nyusun kepek jeung boboko, nyiru sosog jeung kempis, nyusun ruhur dina karung, Awaing ku loba teuing nu dibawa, Si Lengser teu katembong jalan, Nya lumpat teh salumpat-lumpatna... Nya karuhan, loba karung keuna ruyuk, loba wadah keuna regang, loba babawaan anu murag, patulayah sapanjang jalan, Tah, Eta sabab-sababna, datang ka kiwari, palebah Leuwi Sipatuhunan, Sok katarembong nu aneh-aneh! Tembong soteh Ka anu kaberenehan....! Sakapeung ngarupa situng Pada hal eta teh kujang, sakapeung ngarupa kalakay padahal eta teh panitih daun Tina emas sapuluh real sakapeung sok jiga oray padahal mah koroncong rante sakapeung jiga titinggi padahal mah geulang koroncong, malah sakapeung mah sok jiga samak anu anyar sarta rubak tah anu kitu eta mah ulah dicarokot sabab eta teh: LULUN SAMAK Ari nu panglobana tembong? loba batu patulayah tapi diantarana sok aya batu mustika anu hade perbawana pikeun dagang pikeun gawe pikeun tani jeung ngajampe Ngan bae, teu meunang dibawa sombong, agul-agul jeung umaing, Saha nu mahiwal, engkena baris kalindih, Mun teu owah, sok ngajubleg, lajuna modar kasarad! Tunda deui, keun sina marulung mustika! [Lajengkeuneun]