Baraya euy!

Ceuk beja cenah poe ieu teh aya pakaitna jeung acara mieling Poe Indung.
Kuanon perlu dipieling nya, moal kitu pedah urang geus teu areling. Hehehe.

Cing baraya upama pasukan darat ayeuna keur ngareuah-reuah mieling poe
indung kucara ngayakeun ngadubako, seminar jeung sajabana; urang nu
pasukan maya rek ngareuah-reuah kucara kumaha nya?

Jigana loba perkara nu ku urang bisa dilakonan, salah sahiji jurus mautna,
urang bisa ngeureuyeuh nyundakeun dunya kucara mesek nu aya dina
eusi mastaka urang masing-masing dikotretkeun di ieu dunya maya'.

Jigana endah jasa euy, upama kawenehan jiga kieu:

Ua Sas, Kang Tito, Kang Mamat jeung balad sejenna nu tukang telkom,
ngadongeng pangaweruh popoler perkara telkom;

Kang Oca, Kang Yana jeung balad sejenna nu tukang arsitek,
ngadongeng pangaweruh populer perkara arsitek;

Kang Oman jeung balad sejenna nu tukang batu,
ngadongeng pangaweruh populer perkara batu.

Ambu Diana jeung balad sejenna nu tukang barang bulukan,
ngadongeng pangaweruh populer perkara arkeologi.

Kang Ganjar, Kang Ahmad Dimyati, Kang Dudi, Kang Runa
jeung balad sejenna nu tukang tatanen, tukang ingon-ingon,
ngadongeng pangaweruh populer perkara tatanen jeung ingon-ingon.

Kang Irfan, Kang Dian, Kang Eko jeung balad sejenna nu tukang IT,
ngadongeng pangaweruh populer perkara IT.

Baraya, mari kita hayu euy, urang ngadepong nungguan dongeng.

salam,
mh

Kirim email ke