Sim kuring kungsi nulis hal ieu dina basa Sunda dimuat dina majalah Cupumanik 
No.48 Juli 2007, tiasa dibaca deui dina 
http://rumahbacabukusunda.blogspot.com/2007/05/telepon-jeung-budaya-sunda.html
Ari kamari mah ngan ukur nulis perkara Panday, kapan keur resep kana hal anu 
aya pakaitna jeung bedog bisa dibaca di 
http://cetak.kompas.com/read/xml/2009/02/20/15025265/panday.dulu.dan.kini . 
Alhamdulillah bulan ieu mah bisa 

Aya kahayang teh nulis deui perkara satelit Telkom, ngan can kaburu keur mah 
ongkoh rada hese neangan istilah nu pas dina basa Sunda keur "bujur timur", 
kungsi eta ge ditanyakeun ka Kang HW kira nu pas naon, ari jawabanana teh asal 
ulah ditarjamahkeun jadi bujur randa we cenah, he he.
Mang H mana artikel tea..? (balik nagih he he...!)

MSas


  ----- Original Message ----- 
  From: mh 
  To: [email protected] ; barayasunda ; Urangsunda 
  Sent: Saturday, February 21, 2009 8:27 AM
  Subject: [Urang Sunda] BASA SUNDA - Mieling Poe Basa Indung?


  Baraya euy!

  Ceuk beja cenah poe ieu teh aya pakaitna jeung acara mieling Poe Indung.
  Kuanon perlu dipieling nya, moal kitu pedah urang geus teu areling. Hehehe.

  Cing baraya upama pasukan darat ayeuna keur ngareuah-reuah mieling poe
  indung kucara ngayakeun ngadubako, seminar jeung sajabana; urang nu
  pasukan maya rek ngareuah-reuah kucara kumaha nya?

  Jigana loba perkara nu ku urang bisa dilakonan, salah sahiji jurus mautna,
  urang bisa ngeureuyeuh nyundakeun dunya kucara mesek nu aya dina
  eusi mastaka urang masing-masing dikotretkeun di ieu dunya maya'.

  Jigana endah jasa euy, upama kawenehan jiga kieu:

  Ua Sas, Kang Tito, Kang Mamat jeung balad sejenna nu tukang telkom,
  ngadongeng pangaweruh popoler perkara telkom;

  Kang Oca, Kang Yana jeung balad sejenna nu tukang arsitek,
  ngadongeng pangaweruh populer perkara arsitek;

  Kang Oman jeung balad sejenna nu tukang batu,
  ngadongeng pangaweruh populer perkara batu.

  Ambu Diana jeung balad sejenna nu tukang barang bulukan,
  ngadongeng pangaweruh populer perkara arkeologi.

  Kang Ganjar, Kang Ahmad Dimyati, Kang Dudi, Kang Runa
  jeung balad sejenna nu tukang tatanen, tukang ingon-ingon,
  ngadongeng pangaweruh populer perkara tatanen jeung ingon-ingon.

  Kang Irfan, Kang Dian, Kang Eko jeung balad sejenna nu tukang IT,
  ngadongeng pangaweruh populer perkara IT.

  Baraya, mari kita hayu euy, urang ngadepong nungguan dongeng.

  salam,
  mh


  __
  . 

  

Kirim email ke