mang pulung jeung alona kang acim peuting ka imah, hanjakal teu mawa madu :). ukur nganteuran iket, pangsi+kampret (kang tantan iraha deuk di bawa?), kaos, kaen jeung golok. keukeuh manehna mah ti mimiti panggih ge, nu aranna golok beda jeung bedok (ups!). nu kasebutna bedog cek manehna mah ukur pakarang paragi ka huma. sedengkeun golok mah pakarang simpenan, paragi jaga imah. cenah. wanda golok beda jeung bedog nu basajan. golok mah sok dialus-alus boh sarangkana boh perahna. kitu deui badanna sok dikelir make pamor--sulangkar. aya dua jenis golok nu aya di urang kanekes. golok tangtu jeung golok panamping. bedana dina pangiket sarangka jeung warna kaina. golok tangtu make handam jeung kaina teu diwarnaan deui estuning asli warna kaina. sedengkeun golok panamping sarangka diwarnaan gambir jeung pangiket sarangka make tanduk....
duq ingon ingon kasabit nya mang h... teu nanaon ukur tandukna ge hehe... On Sat, Feb 21, 2009 at 8:55 PM, MSasmita <[email protected]> wrote: > > Sim kuring kungsi nulis hal ieu dina basa Sunda dimuat dina majalah > Cupumanik No.48 Juli 2007, tiasa dibaca deui dina > http://rumahbacabukusunda.blogspot.com/2007/05/telepon-jeung-budaya-sunda.html > Ari kamari mah ngan ukur nulis perkara Panday, kapan keur resep kana hal > anu aya pakaitna jeung bedog bisa dibaca di > http://cetak.kompas.com/read/xml/2009/02/20/15025265/panday.dulu.dan.kini . > Alhamdulillah bulan ieu mah bisa > > Aya kahayang teh nulis deui perkara satelit Telkom, ngan can kaburu keur > mah ongkoh rada hese neangan istilah nu pas dina basa Sunda keur "bujur > timur", kungsi eta ge ditanyakeun ka Kang HW kira nu pas naon, ari > jawabanana teh asal ulah ditarjamahkeun jadi bujur randa we cenah, he he. > Mang H mana artikel tea..? (balik nagih he he...!) > > MSas > > > > ----- Original Message ----- > *From:* mh <[email protected]> > *To:* [email protected] ; barayasunda <[email protected]>; > Urangsunda <[email protected]> > *Sent:* Saturday, February 21, 2009 8:27 AM > *Subject:* [Urang Sunda] BASA SUNDA - Mieling Poe Basa Indung? > > Baraya euy! > > Ceuk beja cenah poe ieu teh aya pakaitna jeung acara mieling Poe Indung. > Kuanon perlu dipieling nya, moal kitu pedah urang geus teu areling. Hehehe. > > Cing baraya upama pasukan darat ayeuna keur ngareuah-reuah mieling poe > indung kucara ngayakeun ngadubako, seminar jeung sajabana; urang nu > pasukan maya rek ngareuah-reuah kucara kumaha nya? > > Jigana loba perkara nu ku urang bisa dilakonan, salah sahiji jurus mautna, > urang bisa ngeureuyeuh nyundakeun dunya kucara mesek nu aya dina > eusi mastaka urang masing-masing dikotretkeun di ieu dunya maya'. > > Jigana endah jasa euy, upama kawenehan jiga kieu: > > Ua Sas, Kang Tito, Kang Mamat jeung balad sejenna nu tukang telkom, > ngadongeng pangaweruh popoler perkara telkom; > > Kang Oca, Kang Yana jeung balad sejenna nu tukang arsitek, > ngadongeng pangaweruh populer perkara arsitek; > > Kang Oman jeung balad sejenna nu tukang batu, > ngadongeng pangaweruh populer perkara batu. > > Ambu Diana jeung balad sejenna nu tukang barang bulukan, > ngadongeng pangaweruh populer perkara arkeologi. > > Kang Ganjar, Kang Ahmad Dimyati, Kang Dudi, Kang Runa > jeung balad sejenna nu tukang tatanen, tukang ingon-ingon, > ngadongeng pangaweruh populer perkara tatanen jeung ingon-ingon. > > Kang Irfan, Kang Dian, Kang Eko jeung balad sejenna nu tukang IT, > ngadongeng pangaweruh populer perkara IT. > > Baraya, mari kita hayu euy, urang ngadepong nungguan dongeng. > > salam, > mh > > > ___ > -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~ uaduq.co.cc

