Maca kekecapanana... beuuuhhhh... kumetap!!!

Bagea, Ki Leuksa... Hatur wilujeng sumping, mangga linggih tong asa-asa...

Rampesss!!!

2009/4/29 ki_leuksa

>   Sampurasuuun.....
> Hapunten anu kasuhun, sim Kuring rumaos tumorojog tanpa larapan. Nu
> dimaksad taya sanes, seja ngiring ilubiung di Kusnet, ngiring aub sarta
> jabung tumapalung malahmandar aya guna sareng mangfaatna, boh keur sim
> Kuring boh ka dulur-dulur sadaya.
>
> Wasta Ki Leuksa, ti tatar Sunda. Kapungkur mah sok ngajajah milangan kori,
> ngalalana di jomantara, nepungan baraya-baraya nu aya di desa jeung di kota,
> nguriling ka tepis wiring, ngajugjug ka lembur-lembur nu aya di
> gunung-gunung. Tapina ngan ku sawangan, da raga badag mah tetep di imah,
> diuk dina korsi reyod nyanghareupan meja oyag, ngetik nerektek nulis carita
> nyambung anu jaman harita mah sok disarebut "dongeng" disiarkeun dina
> radio-radio swasta.
>
> Aeh, naha karek jol geus loba ngobrol. Hampura baraya, bakat ku sono nepi
> ka poho kana tatakrama. Ujug-ujug panjang cumarita, boa pribumi mah can
> kumpul lelembutan, naha saha ieu nu karek jebul teh?
>
> Tos heula atuh sakitu, moal waka panjang nu dicatur samemeh aya anu ngaku
> mah. Eee sumuhun, Mang Emot Padaringan, aya ?
> Sakali deui, hapunten anu kasuhun.
>


-- 
sikandar - jatinangor
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke