Wah Ki Leuksa Bagea Nun 

 inget jaman baheula pasosore ngadengekeun dongeng nepikeun ka telat ngaji 

dongeng na ki leuksa  simply narcotic ceuk barudak ayeuna mah, matak nyandu 

nuhun ah tos gabung , ngadamel carnyam atuh di dieu 

  _____  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of ki_leuksa
Sent: Wednesday, April 29, 2009 4:11 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Sampurasun

 






Sampurasuuun.....
Hapunten anu kasuhun, sim Kuring rumaos tumorojog tanpa larapan. Nu dimaksad
taya sanes, seja ngiring ilubiung di Kusnet, ngiring aub sarta jabung
tumapalung malahmandar aya guna sareng mangfaatna, boh keur sim Kuring boh
ka dulur-dulur sadaya.

Wasta Ki Leuksa, ti tatar Sunda. Kapungkur mah sok ngajajah milangan kori,
ngalalana di jomantara, nepungan baraya-baraya nu aya di desa jeung di kota,
nguriling ka tepis wiring, ngajugjug ka lembur-lembur nu aya di
gunung-gunung. Tapina ngan ku sawangan, da raga badag mah tetep di imah,
diuk dina korsi reyod nyanghareupan meja oyag, ngetik nerektek nulis carita
nyambung anu jaman harita mah sok disarebut "dongeng" disiarkeun dina
radio-radio swasta.

Aeh, naha karek jol geus loba ngobrol. Hampura baraya, bakat ku sono nepi ka
poho kana tatakrama. Ujug-ujug panjang cumarita, boa pribumi mah can kumpul
lelembutan, naha saha ieu nu karek jebul teh?

Tos heula atuh sakitu, moal waka panjang nu dicatur samemeh aya anu ngaku
mah. Eee sumuhun, Mang Emot Padaringan, aya ?
Sakali deui, hapunten anu kasuhun.

Wasalam
Ki Leuksa - Sumedang



Kirim email ke